Haturan, baraya! Hatur nuhun parantos kersa sumping.
Blog Gerentes ngahaja dijieun husus make basa Sunda. Naha ku basa Sunda? Aya sababaraha hiji alesan. Kela, rek ngarang heula. Euh... kahiji, nu nyieun teh urang Sunda. Kalan-kalan mah, aya hal nu lamun dicaritakeun teh asa leuwih anteb mun make basa Sunda. Kaduana, asa langka aya blog nu make basa Sunda. Sahenteuna jumlahna tacan loba. Tah, blog ieu nambahan hiji deui jumlah blog ku basa Sunda.
Katiluna, keur latihan basa. Masing enya ge urang Sunda, da geuning sapopoe mah, utamana di tempat gawe, ngomong teh ku basa Malayu. Blog ieu—sajaba ti milis—sahenteuna bisa dijadikeun keur "meupeus keuyang", ngacapruk ku basa Sunda. Kaopatna mah, lah, sok we iker-iker ku sorangan.
Nu nulis teh, paralun, acan maher basa Sunda. Keur diajar keneh. Jadi mun aya kecap atawa susunan kalimah nu teu merenah teh hampuraeun. Punten pangalereskeun ku jalan ngaharewoskeun di bagean komentar. Aya di unggal entri ge.
Eusi blog teh, ngacapruk we teu puguh alang ujurna, ka ditu ka dieu. Ku sabab kitu, lamun tea mah aya entri nu matak nyigeung ka nu maca, deudeuh teuing. Hampura. Ngan saran ti kuring mah, cik atuh ulah babarian-babarian teuing jadi jelema teh. Kitu-kitu bae.
Blog ieu, saayeunaeun mah, dieusian ku duaan. Nu saurang, Eka Priatna, pituin Tasik, ngaguha di Cimanggis, Depok, nikreuh ka Jakarta meh unggal poe ngan saukur buburuh. Hiji deui, Geni Bara alias Kebohideung, asli ti Kuningan, keur neang kipayah di Tasik.
Bilih anjeun palay nyerat oge di blog ieu, mangga, kantenan we ditampi pisan. Kantun kintun surelek ka kuring duaan.
Ngahaturkeun.