Ulah Ngaroko di Tempat Umum

Bapa kuring teh kaasup geus nyandu kana ngaroko teh. Duka ti iraha anjeuna resep ngaroko, da ayeuna teh hese eureuna atuh. Si Ibu mah mani geus bosen nyarek. Teuing geus sabaraha hiji hordeng nu bolong kasundut. Atawa raksukan jeung lancingan. Sarung mah geus teu kaitung.

“Pa atuh ulah ngaroko bae, mani nyambung teu eureun-eureun.”

“Apan ngahemat korek api,” tembalna teh. Lajeng…

Harewos (3)

Tembang Sunda

Harita, samemeh indit ka pagawean, kuring kungsi ngabandungan heula hiji acara di televisi swasta ngeunaan kahirupan pangrajin kulit di (mun teu salah mah) Garut. Lain eusi acarana nu jadi perhatian kuring, tapi musik pangiringna.

Enya, payus pisan acara nu nyaritakeun kahirupan di lemah Sunda, dipirig ku musik Sunda, ku tembang Sunda. Eta deuih para nayagana, pantes lamun geus maroyan teh. Da ngareunah atuh dibandunganana oge. Sora ngagelikna suling, dipirig ku jentrengna kacapi, estu wasa niir ceuli batin, parat nepi kana mamaras rasa! Lajeng…

Tacan aya nu ngaharewos

Kamekaran Basa

Dina kamekaranana, basa Sunda teh usik tur dinamis, henteu cicing atawa statis. Robahna basa teh kapangaruhan ku robahna jaman, robahna budaya. Lain basa (dina harti anu lega) anu kaasup hade lamun teu bisa nuturkeun ngigelna jaman. Masing sabenerna mah kudu diaku, jaman baheula mah leuwih rea hasil sastra boh lisan atawa tinulis nu luhur ajenna, batan ayeuna.

Pantes basa Sunda rek robah ge, malum ka tatar Sunda mah rea kaseundeuhan ku tatamu. Ti mimiti jaman Portugis, India katut Hindu Budhana, Persi, Arab, katut Islamna, Mataram katut Jawana, Walanda, Jepang, tuluy Inggris, piraku teu mangaruhan kana basa Sunda. Komo deuih ayeuna teh kapan keur aya dina galura industri jeung informasi, tangtu loba istilah anyar nu kaala. Dihaja teu dihaja, daek teu daek. Lajeng…

Harewos (5)

Nyisit Embe

Wilujeng boboran haji!

Teuing sabaraha hiji nya, embe nu dipeuncit poe kamari. Di wilayah RW kuring bae aya 28 embe nu beunang giliran dipeuncit. Di Kang Budi mah, di Pasir Handap, cenah aya 40-na embe nu dipeuncit. Kacipta pakpikpekna panitia kurban ngurus sagala rupana nya? Padahal geus ditargetkeun kudu anggeus memeh lohor, da mun tas lohor mah biasana sok hujan.

Ari meuncitna mah tereh atuh, nysisitna nu kaciri lila teh. Hayoh ukal-ukil ngabesetan kulit mani ati-ati, sieun kabawa jeung dagingna. Ceuk pipikiran, asa tereh lamun carana diganti ulah kitu. Nu geus kapikiran mah aya dua cara yeuh. Lajeng…

Harewos (5)

Ngaran

Lamun urang mere ngaran, tangtu kudu disaluyukeun jeung kabiasaan nu geus aya, kudu merenah. Enya, nu dimaksud merenah teh meureun, pantes jeung teu matak dinaha-naha batur. Contona bae. Asa teu merenah lamun budak lalaki dibere ngaran Lilis atawa Entin, sarua jeung teu merenahna lamun aya budak awewe dibere ngaran Rusdi atawa Gatot, upamana. Lajeng…

Harewos (3)