Nanyaan

Teu karasa waktu teh nyerelek. Enya, asa tereh jeung anehna asa ngora keneh we umur teh. Eta we Jang Doni budak kamari ieu anu sok ulin di emper kuring, basa kamari Bapana ngulem cenah rek nanyaan ka Neng Ira urang Wangunwati, Karangnunggal. Dipikir-pikir, heueuh geuningan geus kolot aing teh, naha geuning ari kalakuan sapopoe asa ngora keneh wae… duka tah teu kaharti puguh oge. Lajeng…

Harewos (4)

Tukang Celep Digantung

Kalan-kalan, kabisa jelema dina ngomong bisa ‘nyalametkeun’ manehna tina masalah, boh na posisi bener boh na posisi salah! Contona aya dina carita di handap. Carita ieu geus sumebar jaman kuring SMP, teuing saha nu ngarangna. Kabeneran ditulis oge di kumpulan humor Sunda, Beregejed, kenging Kang Taufik Faturohman.

Jaman baheula ieu mah, jeung teuing di nagara mana kajadianana oge. Aya garong rek ngabongkar imah. Bet ninggang di naas, manehna katinggang kusen jandela, tepi ka maotna. Ahli warisna mangadu ka hakim, sabab ngarasa dirugikeun ku anu boga imah anu rek digarong tea. Lajeng…

Harewos (1)

Tilu Poe di Tasik

Kuring seja babagi oleh-oleh pangalaman basa musik (nyoro istilah ti Kang Aris. Cenah mah musik = mudik ka Tasik) kamari.

Indit ti Cibinong ka Tasik poe Jumaah, kira-kira jam 4 isuk-isuk. Alhamdulillah lancar, nepi ka Tasik jam satengah sawelas, da di jalan ge eureun-eureunan, teu rurusuhan. Enya, ngaliwat ka jalan tol, ngan hanjakal euweuh diskon siga nu dipiharep ku Susan jeung Runa. :)

Isukna, Saptu, satengah genep geus saged ngadon ngalongok Mang Udin, tukang bubur di Citapen. Alhamdulillah, beak samangkok pleus sesa Akmal jeung Faiq. Nya mun dijumlah-jamleh mah aya dua mangkok. Lajeng…

Tacan aya nu ngaharewos

Rarangken di Tengah

Dina basa Sunda, aya nu disebut “rarangken di tengah”. Lamun dina basa Indonesia mah meureun disebutna teh “sisipan”. Lamun kuring teu salah, aya opat rupa rarangken di tengah: ar, al, um, jeung in. Urang tangtu geus sering manggihan kecap-kecap ‘pareupeus’, ‘balotram’, gumeulis, atawa ’sinareng’. Kecap-kecap eta teh asalna tina kecap ‘peupeus’, ‘botram’, ‘geulis’, jeung ’sareng’, dibere rarangken di tengah ar, al, um, jeung in. Lajeng…

Harewos (4)

Teluh

Jaman kuring ololeho, nyaeta jaman keur leutik basa can aya listrik-listrik acan, kitu tea caangna peuting teh ngandelkeun cempor atawa damar, mun isuk-isuk hudang teh irung ramehong ku pucuk damar. Pon kitu deui diburuan imah atawa di jalan, caangna peuting teh ngandelkeun caangna purnama.

Datangna Bulan Mulud keur urang kampung ditempat kuring dumuk mah, mangrupakeun bulan anu teu dipikaharep, bulan anu dipikasieun komo ku budak ololeho jiga kuring mah. Enya eta oge mimitina sieun ku datangna Bulan Mulud teh disingsieunan kunu karolot, ceunah di Bulan Mulud mah loba teluh, werejit, ganggaong, oge loba nu nyegik neangan wadal. “yeuh sujang geuwat ngarampih geus sareupna, bisi aya sandekala..!” tiap sareupna kolot teh ngabuburak barudak nu keur arulin di buruan ku kocap saperti kitu. dipikir-pikir asa mahiwal pisan kolot teh, dur bedug trong kohkol magrib teh barudak teh lain seug disuruh ka marasjid atawa ka tajug, ieu mah kalahka sina ngarampih ka imah masing-masing, hasilna di masjid jeung tajug teh eusina ku aki-aki jeung nini-nini, barudak teu apal hurup alip atawa ba. Lajeng…

Harewos (8)