Rarangken di Tengah

Dina basa Sunda, aya nu disebut “rarangken di tengah”. Lamun dina basa Indonesia mah meureun disebutna teh “sisipan”. Lamun kuring teu salah, aya opat rupa rarangken di tengah: ar, al, um, jeung in. Urang tangtu geus sering manggihan kecap-kecap ‘pareupeus’, ‘balotram’, gumeulis, atawa ’sinareng’. Kecap-kecap eta teh asalna tina kecap ‘peupeus’, ‘botram’, ‘geulis’, jeung ’sareng’, dibere rarangken di tengah ar, al, um, jeung in. Lajeng…

Harewos (4)

Kamekaran Basa

Dina kamekaranana, basa Sunda teh usik tur dinamis, henteu cicing atawa statis. Robahna basa teh kapangaruhan ku robahna jaman, robahna budaya. Lain basa (dina harti anu lega) anu kaasup hade lamun teu bisa nuturkeun ngigelna jaman. Masing sabenerna mah kudu diaku, jaman baheula mah leuwih rea hasil sastra boh lisan atawa tinulis nu luhur ajenna, batan ayeuna.

Pantes basa Sunda rek robah ge, malum ka tatar Sunda mah rea kaseundeuhan ku tatamu. Ti mimiti jaman Portugis, India katut Hindu Budhana, Persi, Arab, katut Islamna, Mataram katut Jawana, Walanda, Jepang, tuluy Inggris, piraku teu mangaruhan kana basa Sunda. Komo deuih ayeuna teh kapan keur aya dina galura industri jeung informasi, tangtu loba istilah anyar nu kaala. Dihaja teu dihaja, daek teu daek. Lajeng…

Harewos (5)

Trek Sampe

Ari nu ngarana komunikasi teh hartina ngungkapkeun nu aya dina pikiran sangkan kahartieun ku batur. Saterusna mah meureun ngaharepkeun timbal balik nu saluyu jeung pikiran nu kaluar munggaran. Asal make “basa” nu sarua, komunikasi pasti kalaksana. Lajeng…

Harewos (1)