Teluh

Jaman kuring ololeho, nyaeta jaman keur leutik basa can aya listrik-listrik acan, kitu tea caangna peuting teh ngandelkeun cempor atawa damar, mun isuk-isuk hudang teh irung ramehong ku pucuk damar. Pon kitu deui diburuan imah atawa di jalan, caangna peuting teh ngandelkeun caangna purnama.

Datangna Bulan Mulud keur urang kampung ditempat kuring dumuk mah, mangrupakeun bulan anu teu dipikaharep, bulan anu dipikasieun komo ku budak ololeho jiga kuring mah. Enya eta oge mimitina sieun ku datangna Bulan Mulud teh disingsieunan kunu karolot, ceunah di Bulan Mulud mah loba teluh, werejit, ganggaong, oge loba nu nyegik neangan wadal. “yeuh sujang geuwat ngarampih geus sareupna, bisi aya sandekala..!” tiap sareupna kolot teh ngabuburak barudak nu keur arulin di buruan ku kocap saperti kitu. dipikir-pikir asa mahiwal pisan kolot teh, dur bedug trong kohkol magrib teh barudak teh lain seug disuruh ka marasjid atawa ka tajug, ieu mah kalahka sina ngarampih ka imah masing-masing, hasilna di masjid jeung tajug teh eusina ku aki-aki jeung nini-nini, barudak teu apal hurup alip atawa ba. Lajeng…

Harewos (13)

Hayam Adu

Unggal malem Ahad kabeneran kang Aris sok kabagean ngaronda, heueuh da Kang Aris mah pagawe negri, jadi ki RW ge ngarti dina ngatur jadwal ronda teh. Anu pagawe negri jeung anu digarawe di luar kota, tugas ngarondana dihijikeun di malem Ahad, ceunah ambeh teu tunduh digawena, da isukna pakanci ieuh.

Aturan ki RW teh meunang pangrojong ti istri-istrina anu digarawe di luar kota, ceunah ambeh mulangna saminggu sakali. Jadi kabiasaan lamun pas poe Jum’at loba henpon disarada, singhoreng anu bagean ngaronda malem Minggu anu garawena di luar kota ngaririm sms, ceunah eusina sarua kieu unina, “Mah gimana keadaan… bapak mau pulang nih.”

Terus sms teh dibales aya nu ngajawab, “Buruan Pah, Mamah menanti.” Aya nu ngajawab, “Rek mulang mah mulang we, ngan Ibu nuju M ayeuna mah.” Jeung rea-rea deui jawabanana. Lajeng…

Harewos (4)

Semah

Beurang teh asa ku bayeungyang-bayeungyang teuing. Ngaheab ka saluar awak… Duh Gusti, panas geuning dunya teh. (’Alahbatan di Purwakarta’, ceuk Kang Budi mah). Jadi pagawe nagri geus aya kana 5 taunna, can karasa betahna. Butuh nu puguh mah. Asa kapaksa, da kahayang mah jadi direktur atuh. Lajeng…

Harewos (4)

Pesen Sapatu

Ngarana Kang Sule, kamari mah aya postingan teh Juhe ngarana nya? hehehe, ayeuna mah Sule we, punten kanu sami ngarana Sule, da ieu mah samaran mung carita bohong bin rahul. Lajeng…

Harewos (5)

Pembantu Anyar

Mimitina mah embung nyumponan kahayang pamajikan teh. Lain kunanaon. Teu pati ngareunah ari aya pembantu di imah teh. Nyaho sorangan meureun, hawa di Purwakarta mah jauh ti tiis. Hareudang. Bayeungyang. Atuh meureun kuring teh kudu ninggalkeun kabiasaan ukur dikokolor di imah, da aya pembantu tea. Lajeng…

Harewos (8)