Blog Sunda

Geus jadi sabiwir hiji, blog geus jadi “nu boga lalakon” di dunya web mangsa kiwari. Technorati, situs web nu ngahususkeun maneh dina urusan blog jeung tumbu antarblog, nyatet yen ayeuna, poe ieu, geus aya leuwih ti 75,2 juta blog di Internet. Angka eta teh tuluy nambahan da cenah unggal poena aya leuwih ti 175 rebu blog anyar nu dijieun. Mun diitung-itung, eta teh hartina dina sadetik aya 2 blog anyar nu dijieun!

Tah, ayeuna, tina 75,2 juta teh, aya sabaraha hiji blog Sunda? Ari blog urang Sunda mah tangtuna ge geus loba. Tapi blog nu eusina make basa Sunda mah asana arang keneh. Cik we geura urang tataan. Taya gawe? Hehe, sawios. Lajeng…

Harewos (21)

Nanyaan

Teu karasa waktu teh nyerelek. Enya, asa tereh jeung anehna asa ngora keneh we umur teh. Eta we Jang Doni budak kamari ieu anu sok ulin di emper kuring, basa kamari Bapana ngulem cenah rek nanyaan ka Neng Ira urang Wangunwati, Karangnunggal. Dipikir-pikir, heueuh geuningan geus kolot aing teh, naha geuning ari kalakuan sapopoe asa ngora keneh wae… duka tah teu kaharti puguh oge. Lajeng…

Harewos (4)

Ulah Ngaroko di Tempat Umum

Bapa kuring teh kaasup geus nyandu kana ngaroko teh. Duka ti iraha anjeuna resep ngaroko, da ayeuna teh hese eureuna atuh. Si Ibu mah mani geus bosen nyarek. Teuing geus sabaraha hiji hordeng nu bolong kasundut. Atawa raksukan jeung lancingan. Sarung mah geus teu kaitung.

“Pa atuh ulah ngaroko bae, mani nyambung teu eureun-eureun.”

“Apan ngahemat korek api,” tembalna teh. Lajeng…

Harewos (3)

Nyisit Embe

Wilujeng boboran haji!

Teuing sabaraha hiji nya, embe nu dipeuncit poe kamari. Di wilayah RW kuring bae aya 28 embe nu beunang giliran dipeuncit. Di Kang Budi mah, di Pasir Handap, cenah aya 40-na embe nu dipeuncit. Kacipta pakpikpekna panitia kurban ngurus sagala rupana nya? Padahal geus ditargetkeun kudu anggeus memeh lohor, da mun tas lohor mah biasana sok hujan.

Ari meuncitna mah tereh atuh, nysisitna nu kaciri lila teh. Hayoh ukal-ukil ngabesetan kulit mani ati-ati, sieun kabawa jeung dagingna. Ceuk pipikiran, asa tereh lamun carana diganti ulah kitu. Nu geus kapikiran mah aya dua cara yeuh. Lajeng…

Harewos (4)

Anu Dipikaijid ku Pamajikan

  1. Dicandung;
  2. Salaki beger deui;
  3. Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikenal;
  4. Dibohongan ku nu jadi salaki;
  5. Salaki indit ti imah teu bebeja heula ka nu jadi pamajikan;
  6. Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka toserba/mol;
  7. Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku budak atawa pagawean;
  8. Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri);
  9. Salaki horeaman mun dititah nyekel budak;
  10. Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari “maen kartu”;
  11. Lajeng…

Harewos (3)