Ngaduruk Duit

Pasualan ngaroko teh sabenerna geus mindeng dibahas ti baheula keneh. Geus loba nu negeskeun mudaratna udud. Aya nu nitenan tina sisi kasehatan. Aya oge nu masualkeun tina segi ekonomi.

Meh sataun ka tukang, DKI Jakarta boga aturan nu ngalarang wargana ngaroko di tempat umum. Nu ngalanggar baris didengda 50 juta. Tapi geuning kitu we, haneut mimitina wungkul. Ka dituna mah teu ieuh dipirosea aturan teh. Tingkelepus we di mana-mana, bari jeung teu ieuh dikukumaha ku petugas ge.

Prof. Quraish Shihab kungsi netelakeun pamadeganana yen ngaroko teh geus deukeut-deukeut kana haram. Malah di sababaraha hiji nagara mah, roko teh geus difatwakeun haram. Tapi masing kitu, MUI tacan sapuk kana pamadegan eta. Aranjeuna masih keneh nalungtik mudarat sejen lamun aya fatwa haram di Indonesia.

Di milis tasik, minggu ka tukang, Kang Ahmad Yasa ngintun sababaraha hijisurelek ngeunaan ngaroko, bahayana ngaroko, oge obat atawa jurus naon nu bisa dipake supaya bisa eureun ngaroko. Saperti biasa, dina surelek nu eusina bahaya ngaroko, Kang Geni mairan:

Matakna sebel urang mah ku ayana pabrik roko teh, da mun seug teu ditewak ku pulisi mah diduruk tah pabrikna. Tah kusabab rek ngaduruk pabrik roko mah ngalanggar hukum pamarentah, keun we dicicil ngaduruk pabrik rokona, sabatang-sabatang :)

Kuring ngahahah. Tapi jadi ras inget kana dongeng ti pun bapa. Kajadian baheula keur usum gorombolan. Dongeng ieu ge ku kuring dialungkeun ka milis.

Pun bapa kagungan emang, Mang Wirya. Nya meureun kuring mah nyebutna teh Aki Wirya, almarhum. Anjeuna teh resep pisan kana nyesep. Nya kitu we kawas Kang Geni, hehe. Mung ari rakana mah, Aki Adi almarhum, henteu. Teu weleh Ki Adi teh sok mapatahan ka Ki Wirya kana bahayana ngaroko. “Sajaba ngaruksak kasehatan, ngaroko teh matak meakeun pakaya!” kitu biasana pok-pokanana teh. Atawa, “Wirya, mun eta
duit jang meuli roko teh dikumpulkeun, bisa leuwih gede manpaatna!”

Tapi Ki Wirya teu gedag kaanginan, teu unggut kalinduan, maju terus pantang mundur. Angger we ngelepus.

Keur ngabuktikeun ucapanana, Ki Adi ngahalkeun ngempelkeun artos unggal dinten saageung artos nu dikaluarkeun ku Ki Wirya jang meser roko
unggal dintenna.

Sabada sababaraha taun, artos kenging kekempel teh tos lumayan. ku Ki Adi dijeujeuhkeun kana bumi. “Tuh, Wirya, duit nu ku maneh didurukan
unggal poe teh, ku Akang mah bisa dipake jang meuli imah!”

Ki Wirya ukur nyengir, “Enya nya, Kang.”

Sababaraha poe ti harita, datang gorombolan. Desa diubrak-abrik. Imah didaruruk, kaasup bumi Ki Adi. Ludes teu aya sesana.

Komentar Ki Wirya, “Matak ge Kang, ulah disakalikeun atuh ngadurukna, sok kalah handeueul. Siga abdi geura, ngadurukna hiji-hiji, ditungtut, moal handeueul teuing.”

Antara sedih jeung hayang seuri nguping dongeng eta teh. Pikasebeleun nya, boga adi teh.

Harewos (8)

Aya 8 nu ngaharewos »

  1. Gibson ngaharewos,

    16 Nov 2007 @ 19:06

    Sihoreng aya oge manfa’atna nya ngaroko teh…???? obat jantungeun… tatamba setres….

  2. dadan ngaharewos,

    1 Jun 2008 @ 16:22

    memang ngaroko aya akibatna keur kasehatan,tapi ngaroko teh sami sareng tanda koma upami nuju ngorol.

  3. putradi ngaharewos,

    10 Jun 2008 @ 14:24

    asa kasindiran eung ..
    tapi mun nu ngaroko arereun .. nu gawe di pabrik roko kumaha meureun .. hehehehe .. abdi mah ngaroko itung-itung ngiluan program pembangunan ..

  4. mandaka ngaharewos,

    17 Jun 2008 @ 14:21

    bener duruk rokok na sabatang 2x supaya ngurangan pangangguran pikeun kasajahtraan batur. jadi lebah dieu mudharat jeung heunteuna eta rokok. tergantung kana ngamaknaan nana. lamun hawek nya keur sorangan eta banda teh. lamun meuli rokok bari nulungan batur. sanes kitu !

  5. Edi S ngaharewos,

    5 Aug 2008 @ 14:48

    lah….. alesan mah tiasa dipilarian, tapi eta kumaha pikeun jalmi anu ‘udara’na kakotoran ku haseup rokok?
    Da lamun ditaliti numutkeun elmu kasehatan mah… teu pisan eta rokok teh aya manfa’atna… malah sabalikna bakal nyangsarakeun kanu ngarokona jeung ka jalmi anu teu ngaroko kulantaran ‘udara’na kakotoran ku haseup rokok…

  6. ipank ngaharewos,

    30 Jun 2009 @ 00:36

    ai prinsip hayang ngaroko mah atuh ulah jauh-jauh… alesan itu ieu…. mun hayang ngabantuan batur mah, langsung we atuh tunai secara langsung… efektif jeung langsung kanu masyarakat di sekitar heula…

  7. SUNDA KANJEUT ngaharewos,

    4 Aug 2009 @ 12:26

    Menurutku orang Bugis Makassar adalah etnis paling hebat di Indonesia:
    1. Jumlah hanya sedikit tapi bisa punya Wapres Jusuf Kalla dan Presiden Habibie.
    Sunda,betawi,batak belum punya hehehe, kalau Jawa wajar karena jumlahnya banyak kayak semut
    2. Presiden Habibie adalah manusia paling pintar di Indonesia bandingkan dengan Suharto jawa yang cuma SMP?
    3. Wapres Jusuf Kalla pejabat Terkaya di Indonesia Rp. 300 Milliar, bandingkan dengan SBY cuma Rp. 8 Milliar, Kalau Prabowo kaya paling korupsi selain itu dia belum pernah jadi wapres-presiden
    4. Aksa Mahmud pengusaha terkaya Indonesia.
    5. Perkembangan infrastruktur, gedung, jalan dan mall di Makassar lebih hebat dari kota di jawa!
    6. Pengusaha bugis makassar menguasai Papua.
    7. Sunda-Batak-Betawi-Jawa Kalah jauh
    8. Aku bukan orang bugis-makassar, aku wanita Sunda tapi pro bugis makassar, karena prianya lebih gagah
    9. Tidak ada etnis Sunda yang bisa sesukses dan sekaya Aksa Mahmud dan Jusuf Kalla
    10. Kota Bandung paling buruk jauh dibandingkan Makassar-Medan
    11. Kota BAndung paling miskin dibandingkan Makassar-Medan
    12. Orang batak terhebat Jadi pengacara, orang Bugis jadi pengusaha, orang Sunda jadi penjual gorengan hahahaha

  8. Nana Sukmana ngaharewos,

    28 Sep 2009 @ 21:51

    kitu nya kitu atuh tapi ulah kitu2 teuing ah! maenya udud disaruakeun jeung
    ngaduruk duit, beda atuh ngaduruk duit mah ngalanggar hukum nagara ari
    udud mah ngalanggar hukum pamajikan ( hukum teu tertulis ) hehehe
    cag heula !

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: