Blog Sunda

Geus jadi sabiwir hiji, blog geus jadi “nu boga lalakon” di dunya web mangsa kiwari. Technorati, situs web nu ngahususkeun maneh dina urusan blog jeung tumbu antarblog, nyatet yen ayeuna, poe ieu, geus aya leuwih ti 75,2 juta blog di Internet. Angka eta teh tuluy nambahan da cenah unggal poena aya leuwih ti 175 rebu blog anyar nu dijieun. Mun diitung-itung, eta teh hartina dina sadetik aya 2 blog anyar nu dijieun!

Tah, ayeuna, tina 75,2 juta teh, aya sabaraha hiji blog Sunda? Ari blog urang Sunda mah tangtuna ge geus loba. Tapi blog nu eusina make basa Sunda mah asana arang keneh. Cik we geura urang tataan. Taya gawe? Hehe, sawios.

Nu dikumpulkeun teh blog nu eusina make basa Sunda. Teu nanaon aya entri basa Indonesia ge, tapi entri sejen lolobana ku basa Sunda, boh basa Sunda lulugu boh basa Sunda gaul.

[Upami saderek uninga aya blog Sunda nu teu kadaftar, mugi kersa nambihan].

  1. Anaking Jimat Awaking
  2. Badrudin
  3. Balebat Ngolebat
  4. Barudaks go-Blog
  5. Bati Nineung ti Nu Nineung
  6. Béja
  7. Candra’s Project of Literature
  8. Carita Sunda Kang Avid
  9. Cecep Deden Toni’s Multiply Site
  10. Cotretan Kahirupan
  11. Ekspresiku
  12. Gallery Cerita
  13. Galunggung
  14. Geni’s Site
  15. Gerentes Hate
  16. GO Blog
  17. Hariring Kuring
  18. Kampung Deudeuh
  19. Keom Sakedap
  20. Komunitas Urang Sunda di Internét
  21. Kulawarga Bagja
  22. Kumpulan Carita jeung Dongeng
  23. Lalaki Langit Lalanang Jagat
  24. Lantera Sunda
  25. Lembur Kuring Kuningan
  26. Lembur Nyi Ciwit
  27. Maluruh Tapak nu Kahieuman
  28. Para OP Go Blog
  29. Patromax: Blog Urang Sunda
  30. Rorompok Ambu Bagja
  31. Rorompok Bohay
  32. Rorompok Hayalan
  33. S1natria
  34. Sunda.web.id - All About Sundanese
  35. SundaBlog
  36. Sunda Kudu Midang
  37. Sunda Malaysia
  38. Sundanese, I Love Bandung
  39. Tawis Katineung
  40. Teater Sandekala
  41. Tepas Pangriungan
  42. Teracuni Cinta
  43. Teu Uyahan
  44. Wanita Sunda Antar Benua
  45. Whenever. Wherever. Whatever. Gejlig.
  46. Islam, Hirup jeung Akherat Kuring
  47. Wiwitan

[Upami saderek uninga aya blog Sunda nu teu kadaftar, mugi kersa nambihan].

Harewos (34)

Aya 34 nu ngaharewos »

  1. avid ngaharewos,

    28 Apr 2007 @ 12:15

    nu abdi atos… he..

  2. lady day ngaharewos,

    6 Jun 2007 @ 07:15

    kang, nuhun, blog abdi tos didaptarkeun.
    kedah ngadamel komunitas blog sunda meureun nya? supados rame…

  3. lemburkuring2007 ngaharewos,

    9 Jun 2007 @ 01:03

    Manawi henteu kaabotan, punten atuh blog nu abdi dipangdaptarkeun Hatur Nuhun.

  4. Eka Priatna ngaharewos,

    9 Jun 2007 @ 10:19

    parantos ditambihkeun, kang. hatur nuhun parantos rurumpaheun.

  5. lemburkuring2007 ngaharewos,

    9 Jun 2007 @ 16:03

    Hatur Nuhun tos didaptarkeun, mani sakitu euyeubna geuning blog Sunda teh. Taya basa nu payus dikedalkeun, salian ngaraos reueus.

  6. Tata ngaharewos,

    11 Jun 2007 @ 22:05

    Panuju. Sok atuh ngadamel komunitas blog Sunda geura, resep jigana..

  7. gerentes hate ngaharewos,

    5 Jul 2007 @ 16:20

    hatur nuhun kang anu simkuring tos di link, simkuring ngadukung pisan upami diayakeun komunitas blog sunda

    Prung ach, Sunda Geura Makalangan…!!!!

  8. duh jungjunan ngaharewos,

    17 Jul 2007 @ 11:55

    Nuhun kang blog simking aya dinu rentetan luhur geuning :)
    Mung hoyong nambihan
    http://sundajava.blogspot.com

    ***
    sumuhun satuju sareung nu di luhur…kacida resepna sigana pamia ya nu ngawitan ngayaan komunitas/ forum kanggo urang sunda :D

  9. taryan ngaharewos,

    17 Aug 2007 @ 09:58

    Sae-sae hatur nuhun link-link na parantos janten referensi

  10. Candra ngaharewos,

    18 Oct 2007 @ 07:56

    Nembe nganjang deui ieu teh kang, kamana wae tangka campleng kitu. Sesah nya kang ari ngadua teh (hehehehe). Abdi ge ketang ayeuna mah tambelar teu pati mirosea, tuda aya ku riweuh neangan jeung pangupa jiwa >>> alah aya ku gaya nya? ;-)
    Sual nyieun komunitas (paguyuban) blog urang sunda, abdi mah sapuk pisan kang. Kabita ku blogfam >>> http://blogfam.com/forum/ , sigana kedah aya nu ngokolakeunana kang ulah dugi ka ngan saukur wacana. Sok atuh mangga dikawitan ku akang >>> hahaha kop siah ;-)

  11. Eka Priatna ngaharewos,

    5 Nov 2007 @ 07:28

    Alah, naha jadi katempuhan ieu teh. Hehe. Tah Kang Tata nu ngawitan kagungan ideu. Sok lah Kang, dirojong pisan ku abdi mah…. :)

  12. vanudin ngaharewos,

    9 Nov 2007 @ 20:27

    kang hiji deui blog sunda……………

    tapi masih keneh diajar

    www.patromax.com

  13. Eka Priatna ngaharewos,

    12 Nov 2007 @ 09:41

    Kang Vanudin, parantos ditambihkeun. Hatur nuhun.

  14. eu sundanese euphony ngaharewos,

    21 Jan 2008 @ 16:32

    nembe terang ka alamat ieu, ngiring ningalan kang, ceu. hatur nuhun

  15. lanterasunda ngaharewos,

    22 Jan 2008 @ 15:44

    Kang punten lah pang lebetkeun blog abdi. sugan we jadi tambah rame. hatur nuhun sateuacana.
    Kang kumaha soal ide ngadirikeun blog sunda bersama? jadi nu ngeusianana raramean, ambeh selalu up date? sok diantos kang…

    lanterasunda.wordpress.com

  16. asep firmansyah ngaharewos,

    2 Mar 2008 @ 17:58

    assalamu alaikum ,punten kang ngiringan ngaherinan nya ,hehehehe….salam kenal wae ka komunitas urang sunda di internet,hayu urang mumule budaya sareng bahasa urang basa sunda.Ari lain urang mah rek saha deui, lain kitu nya kang. kang punten lah pang longoken blog nu simkuring lah,tras urang tukeran link.

  17. Sandekala ngaharewos,

    27 Mar 2008 @ 22:14

    Kunjungi http://teater-sandekala.blogspot.com/ untuk informasi sandiwara sunda.

    Terima kasih

  18. Zona Dago ngaharewos,

    28 Mar 2008 @ 05:57

    Punten Kang, ngiringan rame ah…

    Abdi sareng rerencangan nu sami-sami operator warnet nuju diajar ngadambel blog, nganggo Basa Sunda, Basa Indonesia campur sareng sakedik Basa Inggeris. Tapi Basa Sunda na kirang sae, kumargi seueur nu kasar atanapi jorang. :D

    http://opgoblog.wordpress.com

  19. Eka Priatna ngaharewos,

    28 Mar 2008 @ 10:52

    Hatur nuhun, Sandekala sareng Zona Dago. Tos dilebetkeun kana daptar. :D

  20. muncugug ngaharewos,

    1 Apr 2008 @ 19:44

    hahaha…! parah2! mantap!

    muncugug…

    menuju puncak tertinggi sampai kaciligcingcat

  21. diecovr39 ngaharewos,

    1 Apr 2008 @ 20:25

    ngiring ririungan ah….neupang keun simkuring widi.. hoyong bengkung ngariung,bongkok ngaronyok… sasareungan ririungan sareng dulur dulur.. dakitu ah ti simkuring…HIDUP PERSIB..!! PERSIB JIWA RAGA URANG SUNDA..!!

  22. Pepih ngaharewos,

    22 Jun 2008 @ 08:42

    Hatur nuhun ah kang, blog sim kuring, Balebat Ngolebat (Bango), parantos direngrengkeun…

  23. Purnama ngaharewos,

    7 Dec 2008 @ 23:47

    PURNAMA @lam

  24. Purnama ngaharewos,

    7 Dec 2008 @ 23:49

    ieu blog nemean mugi kersa cunduk

    Purnamacaang.blogspot.com

  25. kang moen ngaharewos,

    16 Dec 2008 @ 21:13

    Assalamualaikum.
    Salam kenal ti simkuring,punten ah ngiring rurumpaheun………..

  26. adhiawardana ngaharewos,

    26 Dec 2008 @ 10:59

    alhamdulillah…. meni reueus, geuningan rame kieu nya …

    wilujeng kang…

  27. guriang7 ngaharewos,

    15 Apr 2009 @ 13:59

    Leres, sae, sanes teu aya damel tapi kedah. Sakantenan gundukanana (daptar) blog di luhur (neda widina) baris dilebetkeun oge kana carangka (http://carangka.co.cc)

    blog sanesna nu kacatet:
    http://itanabin.wordpress.com/
    http://sarwasunda.blogspot.com/

  28. guriangtujuh ngaharewos,

    15 Apr 2009 @ 14:00

    Leres, sae, sanes teu aya damel tapi kedah. Sakantenan gundukanana (daptar) blog di luhur (neda widina) baris dilebetkeun oge kana carangka (http://carangka.co.cc)

    blog sanesna nu kacatet:
    http://itanabin.wordpress.com/
    http://sarwasunda.blogspot.com/

  29. guriangtujuh ngaharewos,

    15 Apr 2009 @ 14:06

    Sanes teu aya damel, tapi kedah. Gundukan tumbu blog di luhur bade dilebetkeun oge kana carangka (http://carangka.co.cc)

    Carangka - nu aya nu euweuh
    http://carangka.co.cc

    Sarwa Sunda
    http://sarwasunda.blogspot.com

    Lalayang Bentang
    http://itanabin.wordpress.com

  30. SUNDA KANJEUT ngaharewos,

    4 Aug 2009 @ 12:27

    Menurutku orang Bugis Makassar adalah etnis paling hebat di Indonesia:
    1. Jumlah hanya sedikit tapi bisa punya Wapres Jusuf Kalla dan Presiden Habibie.
    Sunda,betawi,batak belum punya hehehe, kalau Jawa wajar karena jumlahnya banyak kayak semut
    2. Presiden Habibie adalah manusia paling pintar di Indonesia bandingkan dengan Suharto jawa yang cuma SMP?
    3. Wapres Jusuf Kalla pejabat Terkaya di Indonesia Rp. 300 Milliar, bandingkan dengan SBY cuma Rp. 8 Milliar, Kalau Prabowo kaya paling korupsi selain itu dia belum pernah jadi wapres-presiden
    4. Aksa Mahmud pengusaha terkaya Indonesia.
    5. Perkembangan infrastruktur, gedung, jalan dan mall di Makassar lebih hebat dari kota di jawa!
    6. Pengusaha bugis makassar menguasai Papua.
    7. Sunda-Batak-Betawi-Jawa Kalah jauh
    8. Aku bukan orang bugis-makassar, aku wanita Sunda tapi pro bugis makassar, karena prianya lebih gagah
    9. Tidak ada etnis Sunda yang bisa sesukses dan sekaya Aksa Mahmud dan Jusuf Kalla
    10. Kota Bandung paling buruk jauh dibandingkan Makassar-Medan
    11. Kota BAndung paling miskin dibandingkan Makassar-Medan
    12. Orang batak terhebat Jadi pengacara, orang Bugis jadi pengusaha, orang Sunda jadi penjual gorengan hahahaha

  31. Nana Sukmana ngaharewos,

    28 Sep 2009 @ 22:39

    Sim kuring oge hoyong ngiringan atuh nanging nembe diajar ieu teh, salam kenal ka sadayana hatur nuhun !

  32. Agus ngaharewos,

    13 Nov 2009 @ 01:30

    Tah nu sim kuring, sanaos nembe diajar ! http://emodjaloe.blogspot.com/

  33. Mang Atik ngaharewos,

    24 Dec 2009 @ 19:17

    Geuning dipapay teh teu aya anu disebat Sunda Malaysia teh, naha nyumput di mana nya? Cobi ah titenan deui.
    Hoyongna mah kalintang hoyongna baceprot ku basa Sunda teh, mung kumaha atuh asa teu acan ari wae, sareng naon anu nu bade dipedar, teu acan keneh kenging ilhamna.
    Wilujeng, mangga urang tanjeurkeun deui Ki Sunda teh.

  34. Agus ngaharewos,

    26 Jan 2010 @ 15:01

    ngiring ngarojong ah, mung hapunten eusi blog pribados mah seuseueurna naon rupi nu kapendak ku pribados tina blog sejen! rumaos teu kreatipna mah, tapi da maksad sim kuring mah naon rupi nu kapendak tur dipikaresep ku sim kuring tiasa dibagikeun ka nu sanes !

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: