Blog Sunda
Geus jadi sabiwir hiji, blog geus jadi “nu boga lalakon” di dunya web mangsa kiwari. Technorati, situs web nu ngahususkeun maneh dina urusan blog jeung tumbu antarblog, nyatet yen ayeuna, poe ieu, geus aya leuwih ti 75,2 juta blog di Internet. Angka eta teh tuluy nambahan da cenah unggal poena aya leuwih ti 175 rebu blog anyar nu dijieun. Mun diitung-itung, eta teh hartina dina sadetik aya 2 blog anyar nu dijieun!
Tah, ayeuna, tina 75,2 juta teh, aya sabaraha hiji blog Sunda? Ari blog urang Sunda mah tangtuna ge geus loba. Tapi blog nu eusina make basa Sunda mah asana arang keneh. Cik we geura urang tataan. Taya gawe? Hehe, sawios. Lajeng…
