Pupuh

Mimitina mah pamajikan. Teu pupuguh ujug-ujug nanya, “Kang, ari pupuh magatru teh nu siga kumaha tea, nya?”

Ti baheula, kuring mah teu apal-apal kana pupuh teh. Enya ari KSAD mah hatam silung-silung ge. Ngan ari kudu ngahaleuangkeun pupuh nu 13 deui mah taluk. Tong boroning ngahaleuang, dalah nyebutan ngaran-ngaran pupuhna oge sok bari jeung beak dengkek.

Bapa kuring nu apal kana pupuh mah, nepi ka pasipatan unggal jenis pupuh. Pan beda-beda cenah watek pupuh teh. Misalna bae pupuh pucung, watekna teh sedih, nguyung. Beda deui jeung pupuh durma, ieu mah boga watek nu ambek atawa sumanget. Jadi, lamun hayang ngagambarkeun paripolah nu anggang ti gumbira, ulah make pupuh durma. Teu payus.

Kuring jadi inget deui jaman keur sakola di SMP, ku guru basa Sunda dibere tugas nyieun pupuh kinanti. Pupuh kinanti teh kuduna ngagambarkeun kanyaah. Tapi da keur latihan mah bebas we temana mah. Nu penting surup jeung “rumusna”. Pupuh kinanti teh diwangun ku genep padalisan. Unggal padalisan miboga dalapan engang. Padalisan kahiji ngalagu kana hurup u. Padalisan kadua boga lagu i. Padalisan kadua laguna a. Jeung saterusna. Cindekna, guru wilangan jeung guru lagu dina pupuh kinanti teh nyaeta 8u-8i-8a-8i-8a-8i.

Contona bae pupuh kinanti nu pangsohorna nu ngomongkeun kalong (lain, lain ABG dugem).

budak leutik bisa ngapung (8u)
babaku ngapungna peuting (8i)
kalayang kakalayangan (8a)
neangan nu amis-amis (8i)
sarupaning bungbuahan (8a)
naon bae nu kapanggih (8i)

Tuh. Tetala nuturkeun rumus guru wilangan jeung guru lagu keur pupuh kinanti.

Hanjakal poho deui siga kumaha pupuh nu dijieun harita. Nu jelas mah nyebutan ngaran-ngaran gunung di tatar Sunda. Hese nyieuna oge, meh sapoe sapeuting. Ngan mun hayang babari mah, turutan we si Jajang, babaturan sabangku. Manehna nyieun pupuh kinanti, dibere judul Siki Nangka jeung Siki Kadu. Kieu.

siki nangka siki kadu
nangka siki kadu siki
siki kadu siki nangka
kadu siki nangka siki
siki siki kadu nangka
kadu siki nangka siki

Alah, babari pisan, nya?

Harewos (7)

Aya 7 nu ngaharewos »

  1. Candra T. Munawar ngaharewos,

    26 Aug 2006 @ 19:39

    Kang…, leres kitu eta conto pupuh /Siki Nangka Siki Kadu/ teh kenging rerencangan sabangku, moal boa eta mah kenging Akang. Bade kenging saha oge, conto pupuhna matak seueuleun ;-) nu maos, tuda sae pisan….

  2. Abdul Haknuh ngaharewos,

    21 Sep 2006 @ 08:57

    Alhamdulillah geuning Kang Eka mah cinta pisan kana seni sareung budaya Sunda teh, da kusaha deui upami sanes ku urang dimomole mah nya? Simkuring mah isin upami ngabahas seni sunda teh, seueur anu teu teurang na :B, Mung tiasa ngadorong wee ti peungkeur ka Kang Eka… Mudah-mudahan sukses.

  3. muh.rinaldi ngaharewos,

    15 Jul 2007 @ 19:57

    nuhun pisan kang,

  4. mieke ngaharewos,

    23 Jul 2007 @ 08:42

    Abdi hoyong pisan tiasa maca da, mi, na, ti, la, da (ngahariringkeun). Ari maca partitur umum (non-Sunda) mah rada lumayan abdi teh (minimal tiasa ngahariringkeun lagu naon wae lamun aya partiturna mah). Dugi ka ayeuna, “salamet” nu apal teh mung Kinanti, Asmarandana, Mijil, Maskumambang sareng Pucung. Kitu oge sesa-sesa jaman nuju budak, kantos diwurukan ku Pa Maman (nu kapungkur sok aya sina Bojong Rangkong) nalika abdi di SMP2. Manawi aya anu kagungan saran? Hatur nuhun.

  5. mieke ngaharewos,

    23 Jul 2007 @ 08:51

    Aya nu kalangkung. Hatur nuhun pisan kana “jampe” ngadamel pupuh kinantina. kaleresan abdi diajar ngawulang basa Sunda. Janten upami aya siswa nu nyebatkeun ngadamel pupuh teh hese, kantun paparin “jampe” siki nangka siki kadu wae (khususna kanggo kinanti). Manawi aya deui “jampe” nu sanesna?

  6. Ajeng Vinasti Kayungyun ngaharewos,

    6 Nov 2007 @ 19:03

    kang eta abdi mani te tiasa nahan seeul patuangan upami emut ka siki nangka siki kadu. pasihan deui lah ubar kanggo nganetralken panyakit seeul patuangan. kang pang milariankeun nami kanggo ponakan. saurna hoyong nu aya ciri sundana. sapertos nami abdi kituh. haturnuhun pisan sateacana.

  7. kumincir ngaharewos,

    22 Apr 2008 @ 08:11

    Heuheuheu… Make rumus siki mah kuring ge bisa…

    kuring keur nalian karung
    karung ditalian kuring
    karung kuring ditalian
    ditalianna ku kuring
    tali kuring dikarungan
    ditalian karung kuring

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: