Dadaha Geus Jadi Pasar
Poe Ahad jam dalapan isuk langit angkeub, angin ngahiliwir mamawa hawa anu matak tiris. Kuring jeung barudak indit ti imah ngajugjug Dadaha. Pedah ti poe Kemis mula barudak kuring geus ting rarenghik hayang ka Dadaha, pajar teh hayang ningali oray jeung landak ceunah, da eta babaturana geus ningali oray jeung landak di Dadaha.
“Naha Win… da Dadaha mah sanes kebon binatang…” ceuk kuring nganaha-naha ka budak kuring nu cikal.
“Ih… da saur teh Nita… da aya oray jeung landak di Dadaha teh…” tembal budak kuring.
“Nya atos atuh hayu urang ka ditu.”
Dugi ka Padayungan kapaksa motor dieureunkeun heula da geuning di Padayungan mah ngepris hujan, kabeneran jas hujan kabawa tuluy di jas hujan biur indit deui. Hareupeun TIP (Tasik Indah Plaza) pas hareupeun Toko Elektonik 99 Jl. HZ Mustofa aya tukang bubur pada ngariung kunu rek mareuli, nu na motor oge tarurun rek sasarap bubur, kaasup kuring.
Deuh baraya enyaan ngeunah bubur teh jaba oge murah mung dua rebu rupia saringkok ditambih bonus cai enteh haneut sawaregna.
Beres ngabubur kuring ngajugjug ka Dadaha ngaliwatan Jalan Unsil tuluy belok ka kenca, da upami lurus mah ngaliwatan bumi Kang Eka di Lodaya. Jol ka Dadaha di lapang pacuan kuda, loba jalmi jeung treuk keur ngaruag panggung urut mentas grup musik RIF basa malem Mingguna, da ari Iwan Fals mah pentasna di Lanud AURI Cibeureum.
Kuriling ka beulah kenca ngaliwatan “kolam renang” Asia, mobil jeung motor geus ngajajar minuhan tempat parkir jeung jalan. Motor ku kuring diparkirkeun pangtungtungna, bari jeung hese ngasupkeun motor ka tempat parkir teh. tuluy laleumpang panggilinggisik jeung batur, da eta sakuriling lapang Sepak Bola Dadaha pinuh ku tukang dagang, jalan teh beakeun kunu dagang. Da mun seug deuk milihan beulieun teh hararese, komo mun nawar bari nagog mah, bisa-bisa tijongklok kadupak ku batur. Komo mun hayang sepor “lulumpatan” mah moal bisa.
Enya we di Dadaha teh aya oray jeung landak, beu..tukang obat kulit, gerentes kuring. Rada lila palebah dinya mah ngajantreng teh, da eta budak merod-merod wae keukeuh hayang ningali oray jeung landak, kapaksa atuh kuring ngajanteng ngiluan ngariung tukang obat, bari culang-cileung kuring ngagerentes…”Lah aing ngajanteng didieu, pajarkeun boga kurap we..kumaha mun seug aya nu kenal..”
Indung budak surti nempo kuring culang-cileung.. tuluy ngangajak barudak supaya ingkah tidinya, “hayu urang ningali doger monyet beulah ditu” kakarek tah barudak daek ingkah ti tempat tukang obat. Di sabudeureun tempat arulin barudak leutik, gigireun lapang basket, geus gandeng kunu tatalu ning-nong-ning-nong badubangpak-badu bangpak…ditengah riungan aya monyet dibajuan ku kaen koneng, keur nyenyered rorodaan. Atuh didinya teh ngarandeg lila deui. Aya kupikasebeleun eta nu boga monyet, heuh da moal enya monyet dingaranan make ngaran jalma, moal disebutkeun didieu ngarana mah bisi aya nu sami. Jaba ngaran monyet eta ditulis dina triplek ngajeblag “Nama Saya …..” tuluy papan ngaran eta dipapangku ku si monyet.
Karunya ka barudak anu sarua jeung ngaran monyet eta, bisa jadi bahan heureuy babaturana di sakola. Satadina mah rek protes kanu boga monyet, tapi dipikir-pikir deui bisi pajarkeun mandahna..heuheuheu….
Bosen ningalian doger monyet, barudak kaasup kuring naluturkeun bujur indungna budak, ceunah rek ningalian ka pasar kojengkang. Bari mamangku si bungsu kuring rurat-reret nempoan dagangan anu sagala aya, timimiti sayureun, lauk, asinan peda, jengkol,peuteuy, tutut oge aya, jeung sajabana. Malahan aya anu matak aneh disabudeureun pasar kojengkang teh, Eta we tukang lauk asin kaasup tarasi pagegendeng jeung anu jualan “jeroan”keur istri. Malahan ka indungna budak kuring ngaharewos..”yeuh eta jeroan can dipake oge atuh geus bau asin nya”, cekeng bari ngareret ka si ibu nu jualan jeroan anu keur ngeprakan laleur nu rek entreup na “jeroan”. Hus..tong tarik teuing bisi kadangueun kunu icalana. tembal indungna budak.
Aya deui nu aneh teh, eta we ibu-ibu nubaralanja dipasar kojengkang Dadaha mah, pakeana darines make pakean olahraga, marake kaos ,trening jeung disapatu teu poho marake topi, lambey ambucuy dilalipensetip…deuh ieu teh rek olahraga, atawa rek baralanja sayur..gerentes kuring. Meureun indit ti imah mah tujuan teh rek olah raga ka Dadaha teh, tapi da kitu di Dadaha mah mun poe Minggu ti isuk dugi ka jam 11 beurang mah jadi pasar ayeuna mah. Duka tah pihak terkait boh ti Pemkot atawa ti Pemkab Tasik tos ngijinan kitu tempat olahraga dijadikeun pasar kojengkang ? pedah ayeuna mah pasar kojengkang di sabudeureun Dadaha teh asa beuki ngalegaan.
Jigana mun teu gura-giru ditertibkeun mah aya bahan piheseun deui keur ngabebenah tempat olahraga teh. Atawa pedah setatus kapimilikan Dadaha masih can puguh ? asup ka Pemkot atawa ka Pemkab? Pernah sih ngadangu ceunah baheula (Feb-2005) Komisi I DPRD Kabupaten Tasikmalaya anu ngawidangi “penyelesaian” masalah aset Pemkab. jeung Pemkot, ngusulkeun atawa nyarankeun yen komplek olahraga Dadaha teh anu ngelolana pihak katilu atawa swasta. Kuayana pihak swasta engkena Pemkab jeung Pemkot Tasik tiasa babarengan nyokot kauntungan. Misalna sewa lapang ti pihak swasta diserahkeun ka Pemkab, sedengkeun Pemkot Tasik tiasa nyokot kauntungan tina restribusi ti satiap “even” anu diayakeun ku pihak swasta dilokasi Dadaha. Duka tah kalanjutana kumaha, asa can ngadangu deui bejana.
Cag
Kebo Hideung

Eka Priatna ngaharewos,
15 Aug 2006 @ 07:55
Tetela, nasib Dadaha teh geuning geus teu mangrupa. Mudah-mudahan we teu kamalinaan. Sok atuh pemkot (atawa pemda?) geura atur laku nu neang kipayah di dinya teh. Engke mah mun geus jadi pasar enyaan, leuwih hese deui rek memenerna.
panji ngaharewos,
27 Feb 2008 @ 14:14
punten!walaupun simkuring calik di jakarta,tapi da asli mah ti tasik tercinta. bade ngahimbau ka masyarakat tasik khususna warga dadaha,sok atuh rawat gaduh wilayah teh. ulah di raruksak. da atuh ningali na ge meuni hawatos!
ine ngaharewos,
19 Apr 2008 @ 11:09
euleuh..euleuh… apanan caritana mah dadaha teh bade nurutan gedong sate mun poe minggu…. jadi we rame kitu……