Nanyaan

Teu karasa waktu teh nyerelek. Enya, asa tereh jeung anehna asa ngora keneh we umur teh. Eta we Jang Doni budak kamari ieu anu sok ulin di emper kuring, basa kamari Bapana ngulem cenah rek nanyaan ka Neng Ira urang Wangunwati, Karangnunggal. Dipikir-pikir, heueuh geuningan geus kolot aing teh, naha geuning ari kalakuan sapopoe asa ngora keneh wae… duka tah teu kaharti puguh oge.

Isukna jam 10 rombongan nu nganteur ngabring kana mobil, aya tilu mobilna. Kuring mah nebeng kana mobil tatangga anu kabeneran masih kosong. Anu nyetir namina Pa Bangbang, gigireuna Pa RW, kuring di jok tukang jeung Pa Engkun oge Cep Akmal sareng Cep Arif.

Teu jauh ti Perum, reg mobil anu ditumpakan ku Jang Doni oge keluargana eureun, jigana rek nambahan angin pedah penumpangna meuni pinuh, teu kuateun meureun ban mobil teh. Kapaksa mobil anu dutumpakan ku kuring teh nyalip, terus ngabiur ti heula. Keur mah Jang Doni mere tanda sina ti heula ceunah.

“Pak Bangbang apal nya tempatna?” tanya kuring.

“Insya Allah, eta mah da tempat ulin uing basa leutik,” tembal Pak Bangbang.

“Ohh kitu?” cekeng. Sajajalan kuring sabatur-batur guntreng ngobrol ka ditu ka dieu, da ari Cep Akmal sareng Cep Arif mah narundutan, teu kaop kaeundeurkeun sora mesin mobil, talibra we. Jiga budak kuring nu panengah, mun indit-inditan teh tara apal jalan si eta mah.

Di jalan kuring manggihan rombongan anu keur karampanye Pilkada. Motor tingsuliwer teu aya kapaur, aya oge nu dina mobil treuk, oge kolbak, teu beda jauh basa usum kampanye pemilu baheula, ngan ieu mah rada repeh saeutik. Ngan edas eta ku ngahalangan jalan batur.

“Cikan yeuh, ka sarisi, Bupati rek ngaliwat!” ceuk Pa Rahmat heureuy. Atuh Pa Bangbang teh sumanget ngadenge Pa RW ngomong kitu teh. Pim… pim… pim… pim… klakson mobil teh dipencetan teu eureun-eureun. Enya we aya hasilna, motor ge kagaligir…

Beuki jauh jalan teh ngaleutikan tur rada rarenjul oge loba logak, mamaksa anu nyetir hut-het ngabanting-banting setir ngahindaran logak anu caralangap jiga buhaya lapar. Asup ka lebah leuweung anu jauh ka ditu-ka dieu, Pa Bangbang ngadongeng, ceunah manehna pernah kasieunan di ieu tempat. “Kunaon kitu Pa Bangbang?” cekeng.

“Pan baheula teh di dieu aya nu miceun layon dikarungan. Tah, hiji mangsa kuring jeung babaturan rek ngaliwat ka beulah dieu, na da ti kaanggangan aya anu ngabelegedeg bodas. Rey… bulu punduk tingpuriding, komo babaturan mah ngayekyek. Da eta kuring babacaan ge geus beakeun naon deui anu kudu dibaca.” Na jero hate kuring bari seuri, ari beakeun bacaeun mah atuh maca koran ari mekel mah, heu heu heu. Tapi da teu wani kedal da ieu mah keur serius (naon nya, basa sundana serius). Aya oge sih, supaya bulu punduk teu muriding mun manggih kasieun, tinggal dikerok we bulu pundukna sina lenang… sok geura moal muriding deui… heheheheh…. Dilajeng.

“Lila-lila kuring jeung babaturan ngawani-wani karep, terus leumpang keketeyepan malipir ka beulah sisi ngajauhan anu ngabelegedeg bodas. Beuki lila beuki deukeut… ahirna kuring tingberetek lumpat bakating ku keueung. Isukna di lembur rame pajarkeun aya anu miceun layon di sisi jalan. Beg… kuring ngagebeg… boa-boa layon teh anu tadi peuting ku kuring kapanggih? Pantesan matak pikeueungeun atuh… da eta geuningan layon jalma anu dikakaya duka ku saha. Tah kitu dongengna mah, matakna di beulah dinya mah rada geueuman.”

Lila-lila mobil rada ngalaunan lumpatna, sihoreng jalanna ngaleutikan, jabana oge beulah katuhu aya gawir nangtawing… beulah dituna ngemploh hejo ku daun cau. “Euleuh ningan pabrik cau teh di dieu, nya?” cekeng. Tapi mun ditelek-telek, deukeut dapuran cau taringgul tunggul tangkal jati urut nuaran, ku jigana tadina lamping beulah dinya teh urut kebon jati, cenah mah nu bogana eta teh Perhutani, tapi duka teh teuing.

Teu sabaraha lila, ti beulah kencaeun jalan aya sora motor anu ngagerung, bangun anu beurat ku panumpang. “Naha nya di leuweung anu sakitu hese leumpang oge bet aya motor?” Sihoreng simana horeng, ti beulah lebakeun jalan aya motor anu keur ngabengkot mamawa kai jati nu geus nang motongan kurang leuwih sadeupa budak leutik panjangna. Paingan atuh meni ngagerung sora motor teh, da eta barang bawa anu sakitu beuratna.

Ngaliwatan kebon cau jeung kebon jati anu geus carang tangkal jatina, reg mobil ngarandeg. “Aya naon, Pa?” tanya kuring.

“Asa poho deui eung jalana, hehehe.” tembal Pa Bangbang.

“Aeh-aeh, baruk teh poho. Hahahaha… komo urang atuh,” cekeng. Ti beulah hareup rentang-rentang aya bapa-bapa mamanggul pacul, jigana rek indit ka sawah, “Tah Pa, cikan taroskeun ka si bapa eta.”

“Pa, punten bade tumaros, dupi ka Wangunwati leres ka palih dieu jalana?” tanya Pa Bangbang.

“Muhun lurus we Pa, engke upami mendakan sakola SD liren we di dinya.”

“Nuhun atuh Pa…. mangga.”

Geuleuyeung deui mobil dipajukeun mapay-mapay jalan anu dituduhkeun ku si bapak nu tadi, pas pengkolan anu aya rungkun awi jalanna nurugtug mudun matak paur tigolosor mun seug hujan mah. “Cik atuh Bupati teh sina ulin ka beulah dieu sina sosorodotan na pudunan ngarah apal jalan desa teh jiga kumaha” cekeng ngagerendeng.

Beres ngaliwatan pudunan di beulah hareup manggihan jalan cagak, ngarandeg deui atuh mobil teh, ngan untung ti beulah warung aya anu norojol tuluy ngagupayan mere tanda sina jalana milih anu lempeng, singhoreng nu merean tanda teh Jang Tete tatangga kuring, da manehna mah aslina urang dieu, jadi apal lebah-lebahna. Reg mobil eureun hareupeun sakola SD, jrut kuring tarurun tina mobil tuluy babatek awak da geuning asa paregel, bubuhan lumayan rada jauh ti Kawalu teh. Teu sabot lila mobil anu ditumpakan ku rombongan Jang Doni daratang, tuluy tarurun bari marawa babawaan keur calon panganten istri.

Deuh…ngareunah nya angin teh…saur Pak UU bari culak-cileuk nempoan pamandangan di sabudeureun tempat eta. “Hayu ah..hawatos bisi ngarantosan, urang norobos we jalana, tah ka beulah dinya” ceuk Pak Bangbang bari nungtun Cep Akmal tuluy nurugtug mudun ngaliwatan jalan satapak. Ti beulah tukang kuring jeung nusejen ngabring naluturkeun, bras ka sawah tuluy mapay-mapay galengan. katingali ti beulah tonggoh mah enya ngaleut-ngaleut ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Beres meuntas galengan jalan satapak nyongcolang nanjak, teu kuat netek nanjak aya oge nu rumahuh. “Beu jalan meni nanjak kieu euy…..” keun we atuh itung-itung sepor jawab kuring.

Pas pentogan tanjakan breh aya bumi, ti buruan mula geus rajeg panitia nu rek nyambut tamu, bari tuluy ngabageakeun tamu sina lalebet ka ruang tamu oge ka tengah bumi. Pas lawang kuring sasalaman jeung nu nampa tamu barang gep..aeh geuningan ieu mah Pak Samjan sesepuh di lingkungan Perum…”Naha geuning Bapak tos aya didieu..?” tanya kuring. “Har..apanan Neng Ira teh pun incu” tembal Pak Samjan bari seuri. Mangga atuh kalalebet tah aya geuning keur ubar cape balas nanjak.

Gek kuring dariuk, tuluy ting raregot ngarinum da kapanan enya halabhab..tuluy disambung ngarobrol ngaler-ngidul silih tanya asal-muasal jeung rea-rea deui. Beres naretepan Lohor riungan dimimitian, ti beulah kulon Ibu-Ibu jeung barudak aremok ti beulah kaler rombongan keluarga Jang Doni, ti beulah kidul bapak-bapak kaasup bapana oge akina Neng Ira sarila andekak. kuring jeung nu sejena nu ngiring ngiringkeun sarila di beulah wetan.

Tuluy acara teh di buka kunu mawa acara; Bissmillahirrohmanniraahim..assalamu’alaikum wr.wbr…puji sareng syukur hayu urang panjatkeun ka Mantena oge salam sareng rohmat mugia dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sateuacana nepangkeun simkuring nami Ahmad, rehna danget ieu simkuring kapapancenan tugas ku pun lanceuk kanggo ngatur catur atanapi pangjajap carita. Bagea baraya ti kota hatur nuhun kersa rurumpaheun ka tempat anu sakieu ayana, hapunten bilih dina panampiana kirang titi peryogi kirang tata peryoga, da mung sakieu ayana.

Supados teu nyangkolong waktos mangga ieu acara urang buka kalayan ku dimimitian ku maca Bissmillahirrahman nirrahim. Kanggo acara anu saterasna mangga dihaturanan ka sepuh atanapi wawakil ti sepuhna Jang Doni kanggo ngadugikeun pamaksadan.

Hadirin dina gempungan eta ting lalieuk saha kira-kirana nu rek ngawakilan cumarita ti pihak pameget, teu sabot lami aya anu ngadehem rada tarik simana horeng teh Pak RW jigana geus dipapancenan keur ngadugikeun pamaksadan ti sepuhna Jang Doni …ehemmm… Assalamualaikum Wr.Wbr….hatur nuhun ka pangatur acara anu tos masihan kasempetan kanggo cumarios dina gempungan ieu. Bapak-bapak, Ibu-ibu anu ku simkuring dipihormat, kuring dina danget ieu kapapancenan ku ramana Jang Doni ti Perum Mitra Batik Kawalu Tasik, ah sami wae di Kawalu oge kasebatna teu acan kota mung nu ngabentenkeun mah pedah di Wangunwati mah kalebet Kabupaten ari Perum Mitra batik mah kaleresan lebetna ka Kota Tasikmalaya, janten kasebutna we kota..

Alhamdullilah kuring katut rombongan ti Kawalu tiasa dugi silaturahmi ka dieu, da syareatna mah upami teu aya pangulem ti ramana Jang Doni mah duka teh teuing tiasa norojol ka palih dieu…

Nya kitu tea sateuacana kuring oge rombongan terutami ti pihak keluarga Jang Doni nuhunkeung sihapuntena, rehna kadieu teh mung kadieu we teu rarebo barangbawa nya eta oge aya saalit-aliteun mah eta oge tamba lengoh teuing, mung tong ditingali ageung alitna.

Kuring sarombongan kadieu teh nyandak kereteg hate ti Cep Doni anu hayang ngiring mikanyaah, mikadeudeuh tur mikacinta ka tuang putra Neng Ira, sanes kitu Jang Doni ? tanya Pak RW ka Jang Doni bari ngareret Jang Doni. Ari Jang Doni mung tiasa unggek bari seuri leutik cirining panuju.

Tah kitu maksad teh pak, boh bilih ieu mah Neng Ira tos aya anu mayunan, atanapi tos katalian ku ikrar jangji sareng anu sanes, nya mudah-mudahan mah teu aya nya Jang Doni….da mana kitu oge panginten duanana tos paheut ceuk budak ngora mah “tak bisa ke lain hati”

Kinten-kintena bade nampi panglamar kanggo Jang Doni..? panginten sakitu maksad teh, supados walerana enggal ka waler, waktos disanggakeun ka pangatur acara…Wassalamu’alaikum Wr.Wbr

Hatur nuhun ka wawakil ti sepuhna Jang Doni anu atis ngadugikeun pamaksadana, kanggo salajengna dihaturanan ka sepuh atanapi wawakil ti Neng Ira, mangga ka Pak Samjan dihaturanan..

Aeh ieu mah atuh anu nanyaan jeung ngajawab teh urang perum-perum keneh nya… Hussss….kapanan Pak Samjan teh akina Neng Ira… Ohh..enya nya..

Bismillahirrahmanirrahim…Assalamu’alaikum Wr. Wbr….puji sareng syukur hayu urang panjatkeun ka Gusti Alloh anu murbeng ieu alam, mudah-mudahan riungan ieu kenging berkah tur pangridho ti Gusti nu Maha Asih..amien….

Para wargi sadaya kuring salaku akina pun Incu Neng Ira oge salaku wawakil ti sepuhna ngaraos bagja, bungah bungangan cek paripaos mah asa kagunturan madu atawa asa katonjok congcot, ku sumpingna para wargi sadaya ti Kawalu, anu ngadugikeun pamaksadan anu kawilang saena.

Nya kitu tea pun incu mah sakieu ayana, sakieu buktosna..perkawis anu aya nu nitip saur atawa aya anu nyimpen harepan ka pun Incu, sakaterang simkuring mah anu janten sepuhna raraosan mah teu aya, ke geura urang cobi taroskeun langsung ka jinisna, “Neng Ira anaking…bisi ieu mah hidep ngagaduhan ceungceuman hate, tur geus paheut jangji jeung pameget sejen salian ti Jang Doni, gaduh heunteu? cikan waler anu sajentre-jentrena sajujur-jujurna.”

Neng Ira anu calik gigireun ibuna ngeluk tungkul bari pameunteuna semu beureum ramona teu eureun-eureun mocelan tungtung samak, hadirin pada melong ngantosan waleran ti neng Ira, komo Jang Doni mah jigana teu ngambekan-ngambekan acan nanahan nafas nungguan waleran ti Neng Ira buah hatena. Sakedapan mah jempling teu aya nu cumarita…”Kumaha Ir..?” akina nanya ngabuyarkeun rohangan anu jempling.

“Muhun..abdi mah teu gaduh ka salian ti Ka Aa Doni mah” waler Neng Ira bari ngagelenyu imut.

Hadirin meh bareng nyebut alhamdulillah…tah geuningan Jang Doni kadangu ku sadaya ceunah mung Jang Doni wungkul buah hate Neng Ira teh. Jang Doni anu tadi ngahephep nanahan napas, akhirna cengkat narik napas panjang, bari seuri.

Ayeuna tinggal pertanyaan anu kadua anu kedah ku kuring di jawab salaku sepuhna Neng Ira, nyaeta bade nampi moal panglamar ti Jang Doni..tadi teh basa di pawon Ibu Bapana Neng Ira geus ngaharewos ka simkuring ceunah kieu “Ki..upami engke sepuhna Jang Doni ngalamar, pang walerkeun abdi duaan salaku kolotna Neng Ira, ngajurung du’a tur nampi kana niat saena, kadituna mah teu langkung jinisna, panginten kitu Ki..” tah kitu babasaana. Janten salaku wawakil kolot mah simkuring nampi kana panglamar ti Jang Doni. Tah ayeuna mah urang tinggal naros ka jinisna, kumaha bageur anaking Jang Doni ngalamar hidep, ditampi moal? piraku ditolak mah..hehehehhehe ”

Neng Ira ditaros kitu teh mung tiasa ngadilak bari imut leutik…..sumuhun abdi nampi….

Alhamdulillahirabbil alamin….tah baraya sadaya ayeuna mah tos atra..budak urang duanana tos paheut cirining tos mekar kembangna pijodoeun..mudah-mudahan budak urang duaan muhun Jang Doni oge Neng Ira sing dugi ka jatuk rami ka bale nyungcung..amien.

Anu salajengna urang sakalian unggah ka acara tukeur cingcin ieu mah simbolis cirining hidep duaan geus dicangcang pageuh ku ikrar anjeun duaan anu disaksian ku kolot hidep oge dulur-dulur hidep duaan dina ieu gempungan. jadi ayeuna mah hidep duaan kudu silih saling, enya saling ngaragangan ulah bebas teuing jiga gadis atawa bujang da hidep duaan mah geus ikrar jangji. Saterasna mah Jang Doni sareng Neng Ira silih tuker cingcin pangnyangreud tali duriat.

Rupina pokok utama dina gempungan anu pinuh ku kabarokahan ieu geus beres, ayeuna mah hayu urang ngabuka eusi boboko, tah geuning tos disiapkeun.

Ke heula Pak urang tutup ku acara du’a, celengkeung pangatur acara.
“Aeh enya kahihilapkeun…pedah eta goreng lauk gurame geus ngiceupan..heheheh prak atuh saha nu deuk mingpin du’ana.” Rupina sakitu heula baraya Wassallamu’alaikum Wr. Wbr.

Tos jadi sifat urang sadaya salaku manusa ngabogaan sifat poho muhun sifat hilap, teu kaop urang meunang kabungah atawa kasusah sok poho ka anu nyieun kabungah atawa kasusah, kanggo acara panutup mangga du’a disanggakeun ka mama ajengan….

Beres ngadu’a kuring jeung rombongan katut pribumi balakecrakan murak eusi boboko katut rencangna. Rengse dalahar kuring jeung rombongan khususna anu samobil jeung kuring pamitan ka pribumi, da Pak Engkun oge Pak RW ceunah rek sakalian neangan Sapi keur kurban.

Rupina sakitu dongeng perjalanan Nanyaan teh, punten bilih aya nu kasebat nami oge tempat da ieu mah mung dongeng nang meres tina pangalaman tur nang ngedit, janten upami teu pas hapunten.

Ditulis ku Kebo Hideung
Perum Mitra Batik # Mei 2006 jam 9.30 wengi.

Harewos (4)

Aya 4 nu ngaharewos »

  1. Candra T. Munawar ngaharewos,

    30 Aug 2006 @ 05:27

    Kang Kebo, aya ku ngaguluyur eta cariosan teh, banget pogot macana. Direumbeuy ku heureuy deuih, estuning henteu jijieunan heureuyna teh. Jadi emut ka almarhum Ahmad Bakri urang Rancah, lebah cacarita dina carpon-carponna atanapi novelna estuning resep tur matak pogot da direumbeuy ku gunem catur nu matak seueuleun macana. Sakedik nambihan, perkawis sasaruanana kecap /serius/ dina basa Sunda-na nya eta /daria/. Tapi, bawirasa Kang, ku zaman kiwari mah kecap /serius/ teh geus prah diarangge ku urang Sunda. Jadi henteu salah atawa merenah oge upama urang ngangge eta kecap. Baktosna pun Candra urang Kawali sanes Kawalu nya ;-)

  2. Kebo hideung ngaharewos,

    30 Aug 2006 @ 13:12

    Hatur nuhun Kang Candra tiasa rurumpaheun ka saung Gerentes…hehhehehe
    Ah..eta mah dongeng teu puguh kang, bati lalampahan abdi basa harita nganteur nanyaan. hehehehe

    Duuh..dipilarian ti kapungkur eta “daria” eh..torojol ti Kang Candra..nuhun ah kang..hehehhehe

    Cag

  3. DiN ngaharewos,

    1 Jun 2007 @ 06:51

    Hatur nuhun parantos ngadongeng.
    Tos lami teu ngadangu nu narosan ku basa Sunda, bubuhan lami di kota da Mamalayonan baƩ tuda.

    Diantos seratan salajengna.

  4. lemburkuring2007 ngaharewos,

    8 Jun 2007 @ 20:30

    Hatur nuhun, parantos kersa rurumpaheun ka blog simkuring. bade mairan ka nu hiji deui mah rada sesah. Kedah register sagala rupi. Nya mairan dina blog nu ieu. Reueus lahm asa aya batur. Tetela, seueur pangalamanana horeng urang Cibingbin teh.

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: