Tilu Poe di Tasik
Kuring seja babagi oleh-oleh pangalaman basa musik (nyoro istilah ti Kang Aris. Cenah mah musik = mudik ka Tasik) kamari.
Indit ti Cibinong ka Tasik poe Jumaah, kira-kira jam 4 isuk-isuk. Alhamdulillah lancar, nepi ka Tasik jam satengah sawelas, da di jalan ge eureun-eureunan, teu rurusuhan. Enya, ngaliwat ka jalan tol, ngan hanjakal euweuh diskon siga nu dipiharep ku Susan jeung Runa.
Isukna, Saptu, satengah genep geus saged ngadon ngalongok Mang Udin, tukang bubur di Citapen. Alhamdulillah, beak samangkok pleus sesa Akmal jeung Faiq. Nya mun dijumlah-jamleh mah aya dua mangkok. Lajeng…
