Rarangken di Tengah

Dina basa Sunda, aya nu disebut “rarangken di tengah”. Lamun dina basa Indonesia mah meureun disebutna teh “sisipan”. Lamun kuring teu salah, aya opat rupa rarangken di tengah: ar, al, um, jeung in. Urang tangtu geus sering manggihan kecap-kecap ‘pareupeus’, ‘balotram’, gumeulis, atawa ’sinareng’. Kecap-kecap eta teh asalna tina kecap ‘peupeus’, ‘botram’, ‘geulis’, jeung ’sareng’, dibere rarangken di tengah ar, al, um, jeung in.

Kuring mah moal ngabahas soal fungsi jeung sagala rupana, da rumasa lain ahlina. Tapi aya sababaraha perkara nu jadi perhatian kuring. Saperti kecap “gumasep” nu sering dipake sapopoe. Naon asal kecapna? Gasep? Euweuh kecap “gasep” dina basa Sunda. Lamun harti kecap “gumasep” dianalogikeun jeung harti kecap gumeulis, atuh kuduna mah urang make kecap “kumasep” (tina kecap “kasep” dibere rarangken di tengah “um”), lain gumasep. Tapi kusabab rea nu make, kasalahan model kieu teh geus dianggap lumrah.

Aya deui. Kenek elp jurusan Tasik-Bandung biasa nanawarkeun ka calon penumpang ku gorowok: “Barandung, Barandung…” lamun keur ka Bandungkeun, atawa “Tarasik, Tarasik…” lamun keur ka Tasikkeun. Nu ripuh mah kenek jurusan Purwakarta. Meureun ngagorowokna teh: “Palurwakarta… Paruwalakarta….”

Atawa lamun aya nu nanya, “Dupi Neng Susan sareng rakana ka marana?” Ceuk nu ngajawab teh, “Nuju ka palepurustakaan… eh, ka parepulustarakaan… eh…”

Leuh, matak pajeujeut letah!!

Harewos (4)

Aya 4 nu ngaharewos »

  1. monik tea ngaharewos,

    5 May 2006 @ 11:55

    kumaha lamun ‘plered’?
    jadina ‘rered - rered - rered’. Umh .. meni sesah gening basa sunda teh nya …

  2. ganesa ngaharewos,

    27 Jul 2006 @ 10:17

    punten bade naroskeun
    upami hartos saleresna botram teh naon??
    kedah bebekelan?? upami dijamu teh botram oge kitu??

    nuhun

  3. Candra T. Munawar ngaharewos,

    26 Aug 2006 @ 19:20

    Nganjang deui ieu teh kang, tuda bongan blog kagungan teh seueur pulungeunana. Perkawis rarangken tengah tea Kang, matak pogot macana teh lantaran perkawis eta pisan nu ku sim kuring dipedar dina “Mernahkeun Kecap nu Merenah”. Mangga ieu panumbu caturna kanggo diaos ku Akang: http://bujanggamanik-basa.blogdrive.com/archive/2.html Mung rupina dina nyawangna nu benten mah, ari panginditanana mah sami perkawis rarangken tengah.
    Perkawis rarangken tengah /ar/ atawa /al/ minangka robahanana (disebat robahanana teh pedah rarangken tengah /al/ digunakeunana mun dina hiji kecap aya fonem /r/-na) pungsina dina basa Sunda mah pikeun nuduhkeun yen jejer (subjek) kalimahna leuwih ti hiji (pungsi pluralis). Diteundeunna eta rarangken teh, bawirasa aya dua jalan, nu kahiji dina kecap barang (nomina), nu kadua dina kecap pagawean (verba). Minangka contona: {Maranehna angkat ka Tarasik} jeung {Maranehna arangkat ka Tarasik} atawa dua sakaligus {Maranehna arangkat ka Tarasik}. Sigana pikeun ngungkulan sangkan henteu pabeulit dina gunem catur lebah kecap nu engangna leuwih ti dua dina kalimah nu mibanda harti pluralis, rarangken tengah /ar;al/ diteundeunna dina kecap nu mibanda dua engang. Jadi, {Maranehna barade ka Purwakarta} da mun seug {Maranehna bade ka Palurwakarta} mah rada hese ngunikeunana. Sakitu mangga nyanggakeun.
    Sakedik nambihan perkawis conto kecap minangka afiksasi /ar;al/ di luhur nu diungkab ku Akang sigana mah aya nu kedah dilereskeun, nya eta kecap /paruwalakarta/, /palepurustakaan/ jeung /parepulustarakaan/. Sigana dugi ka aya wangun kecap nu ditataan di luhur teh jalaran rarangken tengah /ar;al/ digunakeunana dina eta kecap dugi ka dua kalina, bawirasa cekap mung ku hiji. Kumaha kang, manawi henteu ngalalangkungan ;-)
    @ganesa:
    kecap /botram/ sakaterang mah kecap dialek ti wewengkon ciamis nu hartosna dahar balakecrakan di luar bari urang mawa bebekelan. Upami dijujut dugi ka puhuna mah, geuning kecap botram teh pituin tina basa Walanda, mung sim kuring teu terang hartos nu saestu dina basa Walanda-na.
    Sasieureun, sabeunyeureun mangga nyanggakaeun.

  4. Eka Priatna ngaharewos,

    28 Aug 2006 @ 07:58

    Hatur nuhun, Kang Candra. Leuh, ieu mah sanes beunyeur deui atuh, Kang, nanging sangu nu pulen. :) Benter da ari ku nu ahlina mah, sagala rupi ge tangtos langkung eces. Sim kuring mah mung kieu we Kang, ngacapruk ka ditu ka dieu. Malumeun. Hehe.

    Hatur nuhun sakali deui. Diantos komentar di entri nu sanes. :)

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: