Ulah Ngaroko di Tempat Umum

Bapa kuring teh kaasup geus nyandu kana ngaroko teh. Duka ti iraha anjeuna resep ngaroko, da ayeuna teh hese eureuna atuh. Si Ibu mah mani geus bosen nyarek. Teuing geus sabaraha hiji hordeng nu bolong kasundut. Atawa raksukan jeung lancingan. Sarung mah geus teu kaitung.

“Pa atuh ulah ngaroko bae, mani nyambung teu eureun-eureun.”

“Apan ngahemat korek api,” tembalna teh.

Lamun aya na tipi atawa koran nu netelakeun yen ngaroko teh ngarusak kasehatan, ditembalan: “Asa can kadenge aya nu maot bari ngaroko. Mun bari numpak mobil atawa motor mah enya loba.”

Kantos batuk teu liren-liren, terus dicandak ka dokter. Ceuk dokter, “Bapa ulah ngaroko bae atuh, liren nya.” Mulih ti dokter kalah kukulutus, “Dokter teh nyanyahoanan,” cenah.

Teras isukna pindah ka dokter sejen, kabeneran istri. Dipiheulaan ditanya ku si bapa, “Dokter, naha enya kitu ieu batuk teh alatan ngaroko?”

“Ah, henteu. Ieu mah pedah anu anu anu,” ceuk dokter.

Halah etah, mulihna, beak ka daek muji Ibu Dokter, “Leuh, keur bageur jeung geulis teh, pinter deuih.” Ti harita Ibu Dokter teh janten langganan si bapa. Ibu mah ngan ukur gogodeg.

Kuring kaasup nu sok nyawad kana kabiasaanana ngaroko. “Di Jakarta mah Pa, nu ngaroko teh ditewakan ku pulisi,” ceuk kuring kamari.

“Ah, piraku?”

“Ih, pan tos aya peraturanana, teu kenging ngaroko di tempat umum. Nu ngalanggar bakal dikurung 6 sasih atanapi didenda 50 juta.”

“Lah keun bae di Jakarta ieuh, di Tasik mah da henteu.”

“Ih engke ge di Tasik bakal siga kitu,” kuring nyingsieunan.

“Gampang atuh. Pan teu meunang soteh ngaroko di tempat umum, lin?”

“Muhun.”

“Tah, urang ngarokona di tempat nu teu umum we.”

“Maksadna?”

“Enya, ngarokona di tempat nu teu umum, misalna di kolong meja. Pan teu umum nya, ngaroko di nu kitu?”

“Leres, teu umum. Nya mangga bae. Kantun kersana we nyanyandak meja ka mamana,” tembal kuring rada keuheul.

“Tah, heueuh. Ideu alus. Di mana urang hayang ngaroko, babari, tinggal asup ka kolong meja.”

“Daripada abot manggul meja mah, mending ge bari ngaboseh beca, Pa. Upami palay ngaroko, kantun teras ngadapang na handapeun beca. Da ngaroko na kolong beca ge sami, teu umum,” ceuk kuring bari ngajengkat.

Si bapa ukur nyerengeh.

Harewos (3)

Aya 3 nu ngaharewos »

  1. kebo hideung ngaharewos,

    13 Feb 2006 @ 10:04

    Si Kang Eka nulis Ulah Ngarokok di tempat umum, pedah wae manehna teu beuki udud..heu.heu.heu
    Enya ari kituna mah kuring oge panuju yen ngaroko di tempat umum teh ngaganggu kana kasehatan batur. Kuring boga cara-cara supaya ngarokok tiasa, tur teu ngaganggu batur :
    1. Mun hayang ngaroko pas keur loba jalma, misalna di bumi nuju arisan ibu-ibu. Tah si Ibu-ibu nu nuju arisan sina parindah tempatna di Pos Ronda, da ari beurang mah kosong pos ronda oge. kapan tiasa ngelepus udud sorangan, teu di tempat umum.
    2. Mun hayang ngaroko keur pangajian di majlis ta’lim atawa mesjid. usahakeun ngulem mubalighna anu nyandu kana udud, ngarah ngaregepkeun pangajian bari bisa ngelepus udud.
    3.Ari kapaksa-kapaksa teuing hayang udud pas keur dinu loba jalma, misalna na angkot atawa na beus, si rokok nu meunang nyundut tingholkeun kaluar jandela, mun geus disedot, teurey haseupna tong dikebulkeun deui kaluar komo dibuleud-buleud atawa dikaluarkeun tina liang irung mah.
    4. Budayakeun udud di kamar mandi.
    5. Ganti kabiasaan ngarokok ku NYEUPAH dijamin moal ngaganggu batur

    wilujeung nyobian

  2. Dinny ngaharewos,

    13 Apr 2006 @ 10:59

    Hihihihihi, Kang Geni lieurrrrrrrrrrr, Abi mah ngadukung Kang Eka.

  3. asep budi ngaharewos,

    30 Jun 2006 @ 16:03

    hehehehe Kang Geni mah keren2 wae lah….

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: