Tembang Sunda
Harita, samemeh indit ka pagawean, kuring kungsi ngabandungan heula hiji acara di televisi swasta ngeunaan kahirupan pangrajin kulit di (mun teu salah mah) Garut. Lain eusi acarana nu jadi perhatian kuring, tapi musik pangiringna.
Enya, payus pisan acara nu nyaritakeun kahirupan di lemah Sunda, dipirig ku musik Sunda, ku tembang Sunda. Eta deuih para nayagana, pantes lamun geus maroyan teh. Da ngareunah atuh dibandunganana oge. Sora ngagelikna suling, dipirig ku jentrengna kacapi, estu wasa niir ceuli batin, parat nepi kana mamaras rasa!
Pamajikan, nu keur anteng ngalodeh di dapur, nepi ka ngomentar (bari imut): “Kang, hayu ah urang parasmanan!”
Kuring ukur seuri bari tuluy ngahuleng sajongjongan. Lain, lain sakali dua kali kuring ngadenge komentar kieu lamun aya tembang Sunda. Sok ah ngantay, urang parasmanan! atawa Leuh, asa jadi kukurubukan beuteung teh! atawa komentar-komentar sejen nu aya patalina jeung ‘parasmanan’ dina hiji pasamoan (walimahan, misalna). Kaasup kuring sorangan, sok rajeun mere komentar sarua lamun pareng ngadenge tembang Sunda.
Naha nya? Naha make bet kitu? Meureun, ceuk kuring, eta teh alatan urang arang ngadenge tembang Sunda! Rajeun ngadenge oge lamun aya di pasamoan! Nu matak kaharti, lamun aya tembang Sunda, pikiran teh langsung nojo kana parasmanan. Cik dina saminggu, sabaraha kali kira-kira urang ngadenge tembang Sunda (boh dihaja atawa teu dihaja)? Kuring mah sakali dua kali, mimindengna mah tara!
Paralun, kuring mah da lain rek maksa kudu resep kana tetembangan Sunda. Ieu mah ngan saukur komentar. Sagalana balik ka diri urang masing-masing…
Hayu lah, urang parasmanan!
