Teluh
Jaman kuring ololeho, nyaeta jaman keur leutik basa can aya listrik-listrik acan, kitu tea caangna peuting teh ngandelkeun cempor atawa damar, mun isuk-isuk hudang teh irung ramehong ku pucuk damar. Pon kitu deui diburuan imah atawa di jalan, caangna peuting teh ngandelkeun caangna purnama.
Datangna Bulan Mulud keur urang kampung ditempat kuring dumuk mah, mangrupakeun bulan anu teu dipikaharep, bulan anu dipikasieun komo ku budak ololeho jiga kuring mah. Enya eta oge mimitina sieun ku datangna Bulan Mulud teh disingsieunan kunu karolot, ceunah di Bulan Mulud mah loba teluh, werejit, ganggaong, oge loba nu nyegik neangan wadal. “yeuh sujang geuwat ngarampih geus sareupna, bisi aya sandekala..!” tiap sareupna kolot teh ngabuburak barudak nu keur arulin di buruan ku kocap saperti kitu. dipikir-pikir asa mahiwal pisan kolot teh, dur bedug trong kohkol magrib teh barudak teh lain seug disuruh ka marasjid atawa ka tajug, ieu mah kalahka sina ngarampih ka imah masing-masing, hasilna di masjid jeung tajug teh eusina ku aki-aki jeung nini-nini, barudak teu apal hurup alip atawa ba. Lajeng…
