Kamekaran Basa

Dina kamekaranana, basa Sunda teh usik tur dinamis, henteu cicing atawa statis. Robahna basa teh kapangaruhan ku robahna jaman, robahna budaya. Lain basa (dina harti anu lega) anu kaasup hade lamun teu bisa nuturkeun ngigelna jaman. Masing sabenerna mah kudu diaku, jaman baheula mah leuwih rea hasil sastra boh lisan atawa tinulis nu luhur ajenna, batan ayeuna.

Pantes basa Sunda rek robah ge, malum ka tatar Sunda mah rea kaseundeuhan ku tatamu. Ti mimiti jaman Portugis, India katut Hindu Budhana, Persi, Arab, katut Islamna, Mataram katut Jawana, Walanda, Jepang, tuluy Inggris, piraku teu mangaruhan kana basa Sunda. Komo deuih ayeuna teh kapan keur aya dina galura industri jeung informasi, tangtu loba istilah anyar nu kaala. Dihaja teu dihaja, daek teu daek.

Contona bae dina harti kecap (lain kecap cocoleun tahu). Kecap ‘canggih’, ‘unik’, ‘internet’, ‘komputer’, ‘transformasi’, eta teh kapan kecap-kecap anu kakara aya ka behdieunakeun. Atawa kecap ‘ulama’, ‘panditra’, ‘pandey’, kapan hartina jadi ngaheureutan? Pon kitu deuih kecap ‘ibu’, ‘bapa’, kapan hartina jadi ngalegaan?

Paingan atuh Yus Rusyana kantos cumarios, “Sim kuring ayeuna nyanggem ngangge basa Sunda anu basajan, malih mah tiasa kaetang basa Sunda nu alus. Nanging tiasa jadi, welasan atanapi puluhan taun ka payun mah, basa Sunda sim kuring teh jadi basa Sunda nu panggoreng-gorengna.”

Enya, ilikan we prasasti Batutulis:

…wang na pun. ini sasakala prebu ratu purana pun. di wastu diya wingaran
prabu guru dewataprana. di wastu diya dingaran sri baduga maharaja ratu haji
di pakwan pajajaran. sri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan….

jeung saterusna.

Harita mah meureun eta teh kaasup basa Sunda nu hade, nepi ka bisa dipake dina prasasti. Tapi ayeuna mah kapan jadi basa Sunda anu goreng, da teu matak kaharti.

Atawa ulah jauh-jauh. Dina AD/ART Koperasi nu munggaran (taun sabaraha nya, 1940-an kitu? Make basa Sunda da ngadeg di Tasik), aya salah sahiji pasal nu unina kurang leuwih kieu:

Sing saha-saha anu masih keneh boga hutang ka koperasi, teu meunang ngajual bobogaanana

Harita mah meureun ‘bobogaan’ teh hartina pakaya, tapi ayeuna mah kapan geus robah.

Ayeuna, teuing dipake keneh teuing henteu eta pasal teh. Ih sugan, damang?

Harewos (5)

Aya 5 nu ngaharewos »

  1. duka saha uing teh ngaharewos,

    20 Jan 2006 @ 16:47

    Ke heula ari kudu ngajual “Bobogaan” mah..heu.heu.heu tapi da ieu mah mun seug ngajual “Bobogaan” meureun kasebutna ngajual jasana bobogaan nya, tah mun bahasa ayeuna mah meureun teu meunang ngarentalkeun bobogaan…hahahahaha

    Salut ka Kang Eka…good posting

  2. Dinny ngaharewos,

    20 Jan 2006 @ 17:27

    Huhahahha nu ngaharewos di luhur pasti Kang Geni nyak? Di ajar bahasa sunda nu leres teh seusah padahal unggal dinten diangge nyak ;) )

  3. Eka Priatna ngaharewos,

    26 Jan 2006 @ 16:17

    Huhahahha nu ngaharewos di luhur pasti Kang Geni nyak?

    Pasti. :)

  4. tedsur ngaharewos,

    11 Aug 2006 @ 10:11

    puun..sampurasun,ka sakabeh dulur kuring,sing sareuset pageuh ikeut saringsing pageuh kancing,dumuk kana waktu ayeuna jaman gues ganti,lakoan sakabeh lakon geus masing-masing geus ngababakan.jig geura narindak miang siar indung.geura titis tulis udag tapak, luar batang jeuro batang.sabab lakon teh tinggal hiji ngan sa sunda-sunda na hungkul, anu rek ngadeg di ieu nusantara di buana panca tengah.

  5. Ajeng Vinasti Kayungyun ngaharewos,

    6 Nov 2007 @ 19:32

    aduh kang eka… satiap maos posting kang eka aya nu matak pikaseueulen bae nya….. kang eka..boh saha baelah nu urung rembug di dieu nuhunkeun bantosannana lah ..pang milariankeun nami kanggo istri nu kasunda-sundaan lah…gitu….

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: