Nyisit Embe

Wilujeng boboran haji!

Teuing sabaraha hiji nya, embe nu dipeuncit poe kamari. Di wilayah RW kuring bae aya 28 embe nu beunang giliran dipeuncit. Di Kang Budi mah, di Pasir Handap, cenah aya 40-na embe nu dipeuncit. Kacipta pakpikpekna panitia kurban ngurus sagala rupana nya? Padahal geus ditargetkeun kudu anggeus memeh lohor, da mun tas lohor mah biasana sok hujan.

Ari meuncitna mah tereh atuh, nysisitna nu kaciri lila teh. Hayoh ukal-ukil ngabesetan kulit mani ati-ati, sieun kabawa jeung dagingna. Ceuk pipikiran, asa tereh lamun carana diganti ulah kitu. Nu geus kapikiran mah aya dua cara yeuh.

Cara 1: Babalonan
Alat jeung bahan: kompa ban (kompresor leuwih alus), tambang, jeung peso.

  1. Sanggeus dipeuncit, beulitkeun tambang kana beuheung (beuheung embe pastina ge, lain beuheung nu meuncit) tuluy cangreudkeun sing pageuh nepi ka yakin euweuh hawa nu bisa kaluar.
  2. Palebah suku (suku embe, lain suku nu meuncit), turih kulitna make peso, saeutik we.
  3. Asupkeun selang kompa ban (atawa kompresor) kana bohak meunang nurih tadi, tuluy kompa sing anteb.
  4. Moal lila, si embe teh bakal melendung siga balon. Sanggeus yakin yen sakabeh kulit geus misah tina dagingna, kadituna mah gampang.
  5. Kempesan we balon, aeh embe teh, tuluy benyeng kulitna nepi ka molonyon.

Cara 2: Korejat Guriwil
Alat jeung bahan: Paku gede, paseuk, tali tambang, jeung toa (bisa nginjeum ka masjid atawa ka barudak pramuka).

  1. Tungguan nepi ka embe sare tibra.
  2. Sanggeus yakin embe sare tibra pisan, lalaunan paku buntutna. Kahade sing lalaunan, ulah nepi ka hudang.
  3. Talian paku ku tambang, tuluy cangkreudkeun kana paseuk nu geus ditancebkeun kana taneuh. Kahade sakali deui, tong gareuwah bisi hudang embena.
  4. Cokot toa, hurungkeun. Tuluy deukeutkeun kana ceuli embe bari keketeyepan.
  5. Ngagorowok make toa: “HUDANG SIAHHH!!!” sing tarik naker.
  6. Embe nu keur ngeunah sare teh pasti reuwaseun. Manehna pasti ngorejat hudang bari ngajleng.
  7. Kusabab buntutna ku urang tadi geus dipaku, si embe teh bakal ngabelenyeng bari buligir, ninggalkeun kulitna na paku nu geus dipaseuk.
  8. Geus kitu mah tinggal peuncit we embena.

Tah sigana, lamun nyisit embe make cara siga di luhur, tangtu pagawean panitia teh teu beurat-beurat teuing, tur target ngurus kurban rengse memeh lohor teh bakal kaudag.

Kumaha, satuju??

Harewos (5)

Aya 5 nu ngaharewos »

  1. duka saha uing teh ngaharewos,

    11 Jan 2006 @ 13:16

    Enya alus eta oge kang, ngan asa loba teuing alat-alat nu kudu disadiakeuna. Tah uing mah hayang usul teh ka panitia qurban cara-cara mencit teh kieu :
    Alat-jeung bahan : bedog nuseukeut mun bisa buatan galonggong (kahade ulah ku ragaji kayu atawa ragaji beusi), tambang plastik (keur nalian ceker domba)
    Carana:
    1. Talian ceker domba opatanana (peupeujeuh opatanana nu ditalian teh)
    2. Geus ditalian jejek domba sina ngagolepak, ulah sina nangkuban komo nangkarak mah.
    3. Biasa bacakeun dua-duana anu sok dipake dina waktu qurban. kahade ulah macakeun puisi atawa sanjak jeung sajenisna.
    4. Sok gereselkeun bedog nu seukeut kana beuheung domba, kahade tibalik bedogna bisi we ku tonggong bedog.
    5. Domba teu kudu disisit kulitna, oge teu kudu diberesihan jeroana, tujuana ngarah daging qurban teu loba nu kapiceun.
    6. Cacag domba jiga nyacag nangka, daging oge sapuratina (daging,tulang kulit,podol domba) jieun gantingan sing rata, tujuana ngarah adil.
    7. Bagikeun kanu hayangeun…da uing mah sing dipapaksa ge moal ditampa…heu.heu.heu.

  2. idud ngaharewos,

    11 Jan 2006 @ 13:38

    Emh, kekejaman tiada tara. Cing atuh rada berpri-ke-embe-an seutik. Naha daek kitu urang dikitu-kitu ku embe?

    Heuheuy, deuh.

  3. Dinny ngaharewos,

    11 Jan 2006 @ 16:45

    Halah, dedeh teuing Embe teh…

  4. yusep ngaharewos,

    19 Mar 2007 @ 19:52

    duh….ari sugan teh serius … boro dibaca tatan-tatan,, eta tah mengenai cara2 mesek embe………bedul teh gening garelo ari dituluykeun teh… ah aing mah hanjakal maca…. enya hanyakal teu tibaheula mangihan ieu blog teh……..mani teu kuat seuseurian…. ah naruhun atuh…

  5. Endrie_malangbong ngaharewos,

    24 May 2008 @ 16:40

    Hahahahahahaah…
    Duh.. ieu nepi ka cape seuri nya!!
    Nuhun ah……….

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: