Ngaran
Lamun urang mere ngaran, tangtu kudu disaluyukeun jeung kabiasaan nu geus aya, kudu merenah. Enya, nu dimaksud merenah teh meureun, pantes jeung teu matak dinaha-naha batur. Contona bae. Asa teu merenah lamun budak lalaki dibere ngaran Lilis atawa Entin, sarua jeung teu merenahna lamun aya budak awewe dibere ngaran Rusdi atawa Gatot, upamana.
Sarua deuih teu merenah, lamun aya obat batuk cap tangkorak. Lain teu meunang… hepek bae rek kitu bae oge, da moal aya nu nyaram. Komo da ayeuna mah cenah jaman reformasi, kudu ngajenan hak asasi batur. Tapi nya eta tea atuh, teu luyu jeung kabiasaan tea kapan.
Perkara ngaran kuring anu oge loba nu nyangka ngaran awewe, ah da teu saeutik deuih ngaran eta teh dipake oge keur ngaran lalaki. Lain perkarana lamun ngaran kuring Nia, upamana, padahal jelas tina dedeg pangadeg oge (teu kudu neangan bukti anu sejen), geus kaciri yen kuring teh lalaki.
Sual merenah-teu merenah dina ngaran, kuring kungsi boga pamanggih. Lamun ti Tasik rek ka Banjar via Cimaragas, mun teu salah, teu jauh sabada pertelon nu rek ka Cineamkeun, di sisi jalan beulah katuhu aya tempat tambal ban. Euweuh nu aneh sabenerna mah, biasa bae siga tempat tambal ban nu sejen, sarua nancebkeun ban urut di hareupeunana. Ngan pedah, ngarana nu rada minculak teh: Tambal Ban Sari Rasa, cenah.
Asa kakara saumur-umur manggihan ngaran tambal ban siga kitu. Pantesna mah ngaran nu eta mah dipakena teh keur ngaran dagangan baso, dagangan lotek, atawa sarupaning kadaharan sejen. Duka meureun baheulana di dinya teh kungsi dagang baso samemeh alih profesi jadi tukang tambal ban. Ngan basa dua-tilu bulan ka tukang kuring kabeneran ngaliwat deui ka palebah dinya, tempat tambal ban teh geus euweuh. Ganti profesi kitu, jadi tukang lotek?
Ah duka teuing atuh, da kuring mah lain dukun!

duka saha uing teh ngaharewos,
7 Jan 2006 @ 13:25
Ngaran atawa jenengan salahsahiji kagunaana keur nyirian boh jalma, binatang, atawa tempat. Sok aya etage ngaran jalma anu menurut sabagean pamadegan mah pahili ceunah; contona ngaran Eka pami di Jawa mah khususon kanggo istri, tapi ari di Sunda mah Eka teh tiasa kanggo pameget. tah di Jawa mah pami pameget mah ceunah ulah Eka tapi Eko. (punten yeuh bilih aya nu sami namina Eka atanapi Eko da ieu mah nyaumpamakeun)
Aya deui kabiasaan ngaganti ngaran, kahiji mun seug budak teh geringan bae ceunah beurateun teuing ku ngaran, geuwat we diganti ngaran teh. kadua di daerah Kuningan sok aya kabiasaan ngaganti ngaran mun geus kawin ngarana sok diganti, pajar teh aya ngaran budak aya ngaran kolot, da ari geus kawin mah kaasup geus kolot sing masih 17 tahun oge. Katilu geus jadi kabiasaan mun tas naek Haji ngarana sok digaranti atawa ditambahan kunu berbau ngaran Islami, duka ieu mah tujuanna naon, da angger ari nyalukan mah nyebutna Pa Haji, Bu Haji atawa Ji…
Tah upami ngaran tempat mah asa langki nudigunta-ganti teh, paling anu sakaterang mah ngaran Sukapura diganti jadi Tasikmalaya, Galuh jadi Ciamis, duka kusaha tah ngagantina jeung maksudna naon duka tah..
Upami ngaran Tambal ban Sari Rasa mah, jigana ieu mah eta ayeuna tos ganti perusahaan janten icalan cendol…hehehehe
Kang Eka…sok atuh purudulkeun deui pangalamana…
yusep ngaharewos,
20 Mar 2007 @ 13:07
ah teu kedah janten emutan atuh Kang……apanan nami Akang teh aya pengkerna….”Priatna”…….tah upami pengkerna “Priatni”….sigana mah masing ceurik nepi ka gogoleran ge (kawas budak leutik hayang es bon-bon teu ka cumponan kukolotna gening) ah eta mah sadaya-daya we….hihihihi
Eka ngaharewos,
20 Mar 2007 @ 15:25
Hatur nuhun, Kang Yusep, kana dukunganana. Huh.
Perkawis nami Eka nu oge sok diangge ku budak awewe, pun bapa ge rupina mah merhatoskeun (telat ateuh, heheh). Da eta we sok mapatahan, “Lamun nulis ngaran teh sing lengkep, ulah Eka wungkul. Tulis jeung Priatna-na.” Pami kalimahna bade pangangguran diteraskeun mah panginten, “… bisi pahili jeung ngaran awewe!”
Henteu ari janten emutan mah, mung sok jadi panalekan teh, naha si bapa baheula teu masihan nami si kuring: “Nicolas Saputra”, nya? Hihi.
Nana Sukmana ngaharewos,
29 Sep 2009 @ 19:42
Tambal Ban Sari Rasa mah memang teu cocog, upami Service Radiator rada
nyambung nya ?.Service Radiator Sari Rasa ,dijamin anda bisa hareudang !