Anu Dipikaijid ku Pamajikan
- Dicandung;
- Salaki beger deui;
- Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikenal;
- Dibohongan ku nu jadi salaki;
- Salaki indit ti imah teu bebeja heula ka nu jadi pamajikan;
- Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka toserba/mol;
- Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku budak atawa pagawean;
- Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri);
- Salaki horeaman mun dititah nyekel budak;
- Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari “maen kartu”;
- Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan (resep nyimpen “duit jalu”);
- Mun seug manggihan istri nu rada herang di jalan, salaki sok culang-cileung;
- Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana waruga nu jadi pamajikan;
- Salaki nu sok moyok kana pasakan pamajikan;
- Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas dangdan (berhias diri);
- Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa baheula;
- Salaki nu sok embung ngombehan budak, ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tas ibak;
- Salaki nu tara daek ngahuapan budak;
- Mun pamajikan keur geuring, tara diperhatikeun;
- Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo acan, komo kukumbah piring jeung nyeuseuh mah;
- Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan keur “hoream”;
- Mun pamajikan keur “hayang” salaki sok pura-pura sare tibra;
- Salaki nu koret;
- Salaki nu sok embung ngelehan (egois);
- Salaki nu sok ngomongna sabedug sakali;
- Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun seug pelayana bahenol.
Tah mun ieu mah cek Kang Eka:
- Salaki nu sok api lain, teu kaciri usaha ngabeberah lamun pamajikan keur samutut;
- Salaki nu teu kaciri sono lamun balik ti pagawean;
- Salaki nu sare bae mun poe minggu;
- Salaki nu resep sinetron nepi ka budak ceurik ge dicarekan da gandeng;
- Salaki nu ngajawab: “bosen ah ngajawabna” lamun ditanya ku
pamajikan: “akang cinta keneh teu ka abdi?”
Tambihan ti Kang Endi:
Nambihan kang:
- Salaki nu tara mandi, komo mun balik gawe geus peuting;
- Salaki nu sok dahar peuteuy, tara nyikat huntu;
- Salaki nu sok barang bere ka tatangga sabeulah (rangda ngora).
Tambihan ti Kang Yosep:
- Salaki nu sok nganterkeun babaturan kantor, terutama pagawe istri.

Kang Asep ngaharewos,
20 Feb 2006 @ 13:45
Ais … Naha meni asa kalakuan kuring kabeh nya…Hehehhhhhhhhh !
Biho ngaharewos,
9 Mar 2007 @ 08:14
asa kasindiran…
wuning ngaharewos,
22 Mar 2007 @ 21:35
mudah2an simkuring teumeunangkeun pameget anu kawas kitu,paralun teuing