Trek Sampe
Ari nu ngarana komunikasi teh hartina ngungkapkeun nu aya dina pikiran sangkan kahartieun ku batur. Saterusna mah meureun ngaharepkeun timbal balik nu saluyu jeung pikiran nu kaluar munggaran. Asal make “basa” nu sarua, komunikasi pasti kalaksana.
Naha atuh bet aya salah komunikasi alias miss komunikasi tea? Ari sababna mah rea. Misalna bae dina komunikasi lisan, aya salah komunikasi alatan kakurangsampurnaan fisik. Contona bae dongeng aki-aku anu sasalaman jeung aki-aki deui. Kusabab pada-pada geus kolot, nya dadanguanana oge geus teu pati sampurna. Keur sasalaman, aki-aki nu hiji nanya pedah ngarampa nu ngajendil dina ramo babaturanana, “Ari ieu teh kutil?” cenah.
“Lain, ieu mah kutil,” walon si aki nu hiji deui.
“Oh, ari sugan teh kutil.”
Beda budaya oge bisa jadi salah sahiji sabab ayana salah komunikasi. Contona bae guru asal Batak nu boga tugas ngajar di SD Ciawi, nu kabeneran keur mere ulangan ka para siswa. Kusabab waktuna geus beak, ki guru teh ngomong semu nyentak, “Letakkan pulpen kalian!” Maksudna mah meureun supaya barudak teh teu ngagutrut keneh nulis jawaban padahal waktuna geus beak. Tapi pohara reuwaseunana ki guru waktu nempo barudak keur ngaletakan pulpena sewang-sewangan.
Salah komunikasi oge bisa kaalaman lamun urang henteu paham dina elmu basa, boh lisan atawa tulisan. Contona tulisan susanurangsundabageur. Kumaha macana? Kumaha nu maca!
Bisa bae dibaca kieu: Susan urang sunda, bageur. Tapi lamun komana dipindahkeun mah, kabacana jadi: Susan urang sun, da bageur. Atawa kalimah ieu: barang nepi kana susukan, jut manehna turun. Duka teuing atuh lamun komana dipindahkeun mah.
Aya deui pamanggih teh. Di wewengkon Cikatomas, aya plang tina triplek, butut butut acan, ditancebkeun di sisi jalan, ditulisan ku apu. Unina kieu:
HEP TREK
SAMPE SAMPE
DISINIH
Kuring ngahuleng sajongjongan, mikiran naon nu dimaksud ku nu nyieun plang. Sanggeus sawatara lila, kuring ngabelenyeh sorangan. Meureun maksudna mah:
Heup. Treuk sampeu sampai di sini.
Enya, kapan ka lebah dinya mah sok rea treuk lalar liwat, ngakutan sampeu nepi ka muncugug pinuh. Meureun sieun jalan ruksak atawa inggis lamun perewis jeung tutumpakan sejen, aya warga anu ngarasa perelu nyieun plang pengumuman model kitu.
Ngan edas, matak lieur batur!!

barra ngaharewos,
28 Dec 2005 @ 14:32
he he he he. Urang mana tah kira-kira nu nulis hep trek teh. Boa-boa urang sunda keneh…..tiwas kitu peta mah