Semah

Beurang teh asa ku bayeungyang-bayeungyang teuing. Ngaheab ka saluar awak… Duh Gusti, panas geuning dunya teh. (’Alahbatan di Purwakarta’, ceuk Kang Budi mah). Jadi pagawe nagri geus aya kana 5 taunna, can karasa betahna. Butuh nu puguh mah. Asa kapaksa, da kahayang mah jadi direktur atuh.

Poe eta, balik ngantor teh biasa, jam dua beurang. Keur meujeuhna mentrang. Gura-giru kuring ngaluarkeun koran Priangan, dibuka tuluy dipindingkeun kana beungeut. Ngahalangan panon poe. Eta, bilih matak kana raray. Lalawora.

Ngaliwat ka Panamun, kaciri aya budak keur anteng ngolomohan es dina plastik. Bangun nikmat. Eta we, mani peureum beunta bari jeung tatanggahan sagala. Sarua kuring ge halabhab, tapi da teu daek timu jeung tukang inuman. Aya oge tukang sitrun. Lah, embung, sieun nyeri beuteung. Engke bae di imah. Biasana pamajikan sok nyadiakeun es limun.

Teu karasa, geuning leumpang teh geus nepi ka beungeut gang nu kaimahkeun. Kaciri si cikal ngagupayan bapa-bapaan, tuluy lumpat nyampeurkeun.

“Pa, aya tamu bade ka Bapa,” cenah hariweusweus. Gep leungeuna muntang. Kuring ukur imut bari nyiwit pipina. Enya we, ti buruan ge geus kanyahoan, aya sapatu jeung sendal ngajajar, tilu rampasan.

“Geuning Pa Agus? Tos lami ngantosan?” (”Ah, henteu,” ceuk semah) kuring geuwat nyampeurkeun, sasalaman. “Kaleresan geuning sareng Ibu. Dupi ieu putra? Nu kasabaraha?” Kuring ngarawel gado budak. Meureun saumuran jeung si bungsu mah.

“Numawi Pa,” semah nembal, “asa panasaran puguh boboran henteu enggal-enggal ka dieu teh. Numawi, pun biang wales. Alhamdulillah ayeuna mah tos sakinten. Ieu teh pun anak nu cikal. Sok Helmi, salim sareng Bapa!” Budak nyampeurkeun aluman-alimen, bari sok ngasongkeun leungeuna. Ku kuring ditampanan bari ngarawel pipina. Lintuh, budak teh.

Geus nyampak pamajikan di dinya. Sigana mah lila maturan semah nungguan kuring balik. Na meja geus sadia rupa-rupa susuguh, kakaren lebaran. Kareret ku kuring di juru meja beulah wetan, aya jeruk baradag. Na implengan, asa meujeuhna lamun keur halabhab kieu murak jeruk.

“Mangga Pa,” kuring basa-basi, “geura diraosan. Teu aya nu aneh di dieu mah geuning, nya? Aya ge kueh kampung. Sok Cep Helmi, candak tah, aya kueh salju. Etah geuning Pa, aya jeruk. Mangga lah, cobian geura,” bari gep kuring mawa hiji. “Duka amis duka henteu jeruk teh,” ceuk kuring bari tuluy jeruk teh dipesek. “Ari tina rupa mah jigana moal teu pihaseumeun ieu teh.”

Kuring tuluy ngocoblak. Kareret pamajikan ngadilak. Lah keun bae. Halabhab ti beurang keneh atuh. Semah mah ngan ukur mesem.

Am jeruk meunang mesek teh dihuapkeun, sapasi. “Tuh geuning!” ceuk kuring rada muringis, “da moal jauh ti rupa atuh. Haseum geuning jeruk teh, Mah!” kuring ngalieuk ka pamajikan.

Pamajikan kacirina sewot.

“Teu nanaon Pa Agus, haseum-haseum oge seger lah, tengah dinten kieu mah,” kuring nuluykeun, “Na atuh si Mamah, barang peser teh teu mararatut kieu. Sok Pa Agus tah, raosan…”

Jam satengah lima semah balik. Meureun karak kaluar ti buruan semah teh, pamajikan di imah geus molotot. “Teu kira-kira si Bapa mah! Era atuh Pa!!”

Naon deui ieu teh? Asa teu pararuguh.

“Jeruk, Pa… Jeruk!” ceuk pamajikan bangun nu keuheul beak kadaek.

“Ari kitu? Da memang bener haseum.” Heueuh inget, meureun pamajikan teh teu ngeunah dicawad beulianana.

“Enya. Tapi ulah disebut-sebut atuh!”

“Naha?”

“Naha deuih si Bapa mah. Kapan jeruk teh meunang mawa Pa Agus, Pa! Disuguhkeun deui ku Mamah… Na ari Bapa, ngerakeun bae.”

Reuwas kacida. Paingan atuh ti tadi pamajikan teh dulak-dilak bae. Kutan…

“Keun bae lah, ngarah teu mawa deui jeruk haseum,” tembal kuring bari ngaleos.

Pamajikan ngagejlig.

Harewos (3)

Aya 3 nu ngaharewos »

  1. Asoel ngaharewos,

    11 Apr 2007 @ 10:21

    Gue banged gituh lhoh. Capek deh :D

  2. dadang ngaharewos,

    17 Sep 2007 @ 14:37

    nuhun caritana sae…….

  3. Ichal ngaharewos ngaharewos,

    23 Jan 2008 @ 15:44

    Semah

    Ku Eka Priatna — 12 Dec 2005 @ 11:05 · Kategori Carpon

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!

Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: