Pembantu Anyar

Mimitina mah embung nyumponan kahayang pamajikan teh. Lain kunanaon. Teu pati ngareunah ari aya pembantu di imah teh. Nyaho sorangan meureun, hawa di Purwakarta mah jauh ti tiis. Hareudang. Bayeungyang. Atuh meureun kuring teh kudu ninggalkeun kabiasaan ukur dikokolor di imah, da aya pembantu tea. Sanggeuk kuring mah. Ngan henteu we ari nyebut cadu mah. Acan deuih mun rek sosonoan jeung pamajikan, meureun moal bisa sagawayah. Teu bebas. Privasi terganggu, ceuk barudak ayeuna mah.

Tapi da keukeuh pamajikan teh ngeweh, sakapeung mah bari jeung memetot tungtung kolor. “Keun bae atuh Apa. Kitu-kitu bae,” cenah. “Disarung we atuh, da sarua tiisna mah. Ayeuna teh pan Mamah teh riweuh kudu ngurus si cikal, acan deuih si panengah jeung si bungsu. Da atuh moal kasiwer. Keun pembantu nu ngurus imah, beberesih, barudak mah ku Mamah. Mamah mah sieun kaganggu perkembangan mentalna.” Pamajikan mere alesan bari ngasong-ngasong Tabloid Nova palebah rubik konsultasi keluarga.

Bosen ari unggal poe ngadenge pamajikan ngarenghik mah. Jeung deuih ana dipikir-pikir mah aya benerna. Karunya oge ka pamajikan, kudu ngurus pagawean imah nu sakitu lobana. Acan kudu ngurus barudak. Da eta deuih make teu di-KB, jadi weh tunji, sataun hiji. Acan deuih pamajikan teh kudu digawe jadi guru SMP. Pimanaeun atuh rek tumaninah ngurus laku jeung rumah tangga teh.

Kabeneran aya nu nuduhkeun. Di Bojonggambir cenah aya nu hayangeun digawe di kota. Hayang bubujang. Diheueuhkeun we, keun sina datang poe Ahad isuk jam sawelas, rek diwawancara heula. Ngahaja milih Ahad, da poe-poe lian mah kuringna ge moal aya di imah, mariksa pabrik batako di Pasawahan. Ari jam sawelas, eta mah kahayang pamajikan. Ngarah salse, cenah. Ah, nu puguh mah, nu kabade ku kuring, ngarah teu kaganggu nongton pilem kartun Sinchan we eta mah. Tapi keun bae ketang, openan teuing.

Jam sawelas kurang sapuluh datangna teh. Awewe, budak keneh kira umur dalapan welas, dibabaju daster hejo, buuk dibeungkeut ka tukang, bari ngagembol kantong plastik siga nu rek ka pasar. Biasa sapopoe disendal capit sigana mah, da kaciri rada ngagaleng na ramo palebah indung sukuna. Dihiapkeun, disuguhan cai ku pamajikan teh. Badena teh halabhab naker, da kaciri nginumna ge mani ngalekik. Cai herang sagelas teh koredas. Menta deui. Lekik deui.

“Edah,” cenah basa ditanya ngaranna.

“Kungsi digawe di mana?” pamajikan nanya.

“Di Cianjur sabulan, di Babah Acin. Tapi teu betah, lah.”

“Naha?” kuring eta mah.

“Wegah lah ari unggal poe kudu ngamandian anjing mah. Bararaid teuing,” cenah bari tuluy sila tutug na korsi. Pamajikan mesem. Kuring ngabalieur. Lain kunanaon, eta kaciri ramo sukuna rorombeheun.

Kadenge si bungsu ngarenghik, kahudangkeun sigana mah. Kuniang pamajikan asup ka kamar.

“Ayeuna hayang deui digawe nyah?” kuring nanya deui.

“Atuda karesel di lembur mah, Pa. Leuheung mun keur usum tandur, sok rajeun mantuan Bapa. Lamun henteu mah lolobana kalah hulang-huleng, heueuh?” cenah bari top kana inuman na meja.

Hih, eta basa, mani euweuh undak-usukna. Tapi teu nanaon lah, da kacirina mah
budak teh jujur, jeung biasa digawe.

“Daek kitu digawe di dieu?” pamajikan norojol ti kamar bari ngangais budak.

“Euweuh anjing lin, di dieu mah?” tembalna teh malik nanya.

Kuring seuri maur. Pamajikan nyerengeh. “Nya euweuh atuh, Dah.”

Kuring ngareret ka pamajikan. Nu direret unggeuk, tuluy nanya, “Rek iraha mimiti gawe?”

“Ayeuna ge teu nanaon, Bu. Da geus bebeja ka Ema,” cenah.

Ti harita kuring boga pembantu teh. Enya rada ngarumas. Nu tadina biasa dikokolor teh, kapaksa ayeuna mah kudu make sarung. Tiis na mah tiis, tapi da angger ngareunah keneh dikolor. Balik ti Pasawahan ge biasana mah sok tuluy ka dapur, ngadeukeutan pamajikan. Tuluy noelan cangkengna ngoconan. Ayeuna mah di dapur teh lain pamajikan, tapi si Edah. Pamajikan mah keur di cai ngamandian budak.

Iwal ti ngomongna nu garihal, digawena mah segut pisan manehna teh. Cang cing ceng. Isuk-isuk teh geus ngepel. Kungsi kuring rebun-rebun hudang sare kaluar ti kamar, can pati ngumpul pangacian ge. Na ari gantawang teh, “Cik atuh Bapa, ulah nincak palebah dinya! Karek ge anggeus dipel!”

Puguh we tibuburanjat kuring ge. Teu sirikna meh luncat kana korsi bari tuluy nagog. Si Edah kaciri nyenyekel pangepel bari semu molotot. Leungeuna baraseuh. Teuing sabaraha lila kuring cicing andeten na luhureun korsi, ngadagoan ubin garing. Jih, boga pembantu teh galak uing mah.

Minggu kamari mah kasampak Si Edah keur ngagoreng ranginang. Nu anggeus digoreng ge geus aya, diasupkeun kana keler. “Geus meunang diasaan, teu?” kuring nanya asa-asa. Lain, bisi nyarekan. Piraku atuh kudu pasea jeung pembantu mah, heueuh?

“Pek weh,” tembalna.

Karasa teuas ranginang teh. “Ning teuas.” ceuk kuring, bari gugulutrukan.

“Euh, nu ieu mah sigana can garing dipoena. Ayeuna mah geus garing geura. Jig geura Pa, pang kadieukeun poe ranginang na teras.”

Ambuing, nitah euy? Teu kira-kira, siah. Kuridak kuring teh ka teras, mawa poe ranginang. Heueuh geus garing sigana mah, da ana digoreng teh mani hipu, ngepros.

Kamari mah lain deui. Biasana kuring mah dahar peuting teh sok jam salapan. Sorangan we, da pamajikan mah daharna sok jam tujuh. Kamari mah kabeneran kuring teh teu kaburu dahar beurang, da kudu nyerangkeun kiriman batako ka Tangerang. Kamalinaan teuing meureun nepi ka poho kana dahar. Karasa lapar teh basa tas solat magrib.

“Asa sarareueul Apa teh, Mah,” kuring cengkat bari menerkeun kopeah.

“Hayu atuh tuang heula. Aeh, ke heula ketang, rek dihaneutkeun heula sopna.” Pamajikan muru dapur. Kuring diuk na korsi na meja makan. Teu lila, torojol Si Edah ti dapur mamawa sop na mangkok, tuluy diteundeun na meja.

“Dahar ayeuna, Pa?” cenah.

“Enya, Edah!” pamajikan ngagorowok ti dapur. “Sakalian bawa piringna. Elap heula!”

Si Edah indit deui ka dapur, datang mawa piring, tuluy soledat-soledat, dielap ku tungtung bajuna nu keur dipake.

“Na ari maneh, Edah… teu kira-kira. Tong dielap ku baju atuh!” kuring morongos.

“Lah, teu nanaon atuh Pa,” tembalna, “da bajuna ge geus kotor ieuh.”

Etah nembalan teh, kawas nu bener. Da uing mah ngahariwangkeun piring, deuleu, lain baju nyaneh! Kuring ngageremet na jero hate, kuniang ka ruang tengah, nyetel tipi.

“Ongkoh bade tuang Apa teh, geuning kalah nongton tipi?” pamajikan nanya bari mamawa sambel na coet.

“Geus teu lapar ayeuna mah,” tembal kuring bari tuluy muka kopeah, belewer dibaledogkeun ka ucing nu kabeneran ngaliwat.

Harewos (6)

Aya 6 nu ngaharewos »

  1. genibara ngaharewos,

    8 Dec 2005 @ 10:00

    Hahaha…..uing sampe nyeri kulit bedug…..

  2. Dinny ngaharewos,

    9 Dec 2005 @ 10:59

    Huahahhahahahaha, pembantu teh emang rudet tapi jasana anggeung pisan.

  3. ika ngaharewos,

    9 Jan 2006 @ 10:28

    matak kuring mah teu boga pembantu tepi ka ayeuna oge, lieur…….

  4. sonirosa ngaharewos,

    10 Jan 2006 @ 06:54

    Akang mah jigana model dunungan joledar, sabenerna si Edah teh hayang pang meulikeun baju anyar, apan ayeuna teh lebaran haji sanes.
    “Bapa rek dahar ….” ceuk si edah
    tah kumaha kang? aya keneh ucing nu rek dubaledog teh!!? hE..HE

  5. deha ngaharewos,

    11 Jan 2006 @ 13:51

    uajaw!!!
    (bari ngaberetek) ari si bapa uing ieu mah lain ucing, beu!
    salah naon??? salah naon????
    dasar nu lapar!

  6. kapri ngaharewos,

    11 Jan 2006 @ 14:39

    genibara: kade we dipake ngadulag ku si edah!

    dinny: muhun puguh, kantenan we. ngan eta atuh, jadi teu bisa dikokolor.

    ika: kang geni, tah geuning aya lowongan di teh ika! heheh.

    sonirosa: nyaeta atuh kang, ucingna ge teu wanieun luntrak-lintrik deui.

    deha: baruk? kutan kang deha eta teh? geuning siga pisan ucing atuh?! huehueh.

Eupan RSS keur komentar dina entri nu ieu · TrekBek URI

Mangga ngaharewos!


Cangreud spam: Mangga serat deui teks di luhur kana kotak nu tos disayogikeun: