Ngaduruk Duit

Pasualan ngaroko teh sabenerna geus mindeng dibahas ti baheula keneh. Geus loba nu negeskeun mudaratna udud. Aya nu nitenan tina sisi kasehatan. Aya oge nu masualkeun tina segi ekonomi.

Meh sataun ka tukang, DKI Jakarta boga aturan nu ngalarang wargana ngaroko di tempat umum. Nu ngalanggar baris didengda 50 juta. Tapi geuning kitu we, haneut mimitina wungkul. Ka dituna mah teu ieuh dipirosea aturan teh. Tingkelepus we di mana-mana, bari jeung teu ieuh dikukumaha ku petugas ge. Lajeng…

Harewos (1)

Blog Sunda

Geus jadi sabiwir hiji, blog geus jadi “nu boga lalakon” di dunya web mangsa kiwari. Technorati, situs web nu ngahususkeun maneh dina urusan blog jeung tumbu antarblog, nyatet yen ayeuna, poe ieu, geus aya leuwih ti 75,2 juta blog di Internet. Angka eta teh tuluy nambahan da cenah unggal poena aya leuwih ti 175 rebu blog anyar nu dijieun. Mun diitung-itung, eta teh hartina dina sadetik aya 2 blog anyar nu dijieun!

Tah, ayeuna, tina 75,2 juta teh, aya sabaraha hiji blog Sunda? Ari blog urang Sunda mah tangtuna ge geus loba. Tapi blog nu eusina make basa Sunda mah asana arang keneh. Cik we geura urang tataan. Taya gawe? Hehe, sawios. Lajeng…

Harewos (21)

Pupuh

Mimitina mah pamajikan. Teu pupuguh ujug-ujug nanya, “Kang, ari pupuh magatru teh nu siga kumaha tea, nya?”

Ti baheula, kuring mah teu apal-apal kana pupuh teh. Enya ari KSAD mah hatam silung-silung ge. Ngan ari kudu ngahaleuangkeun pupuh nu 13 deui mah taluk. Tong boroning ngahaleuang, dalah nyebutan ngaran-ngaran pupuhna oge sok bari jeung beak dengkek. Lajeng…

Harewos (7)

Dadaha Geus Jadi Pasar

Poe Ahad jam dalapan isuk langit angkeub, angin ngahiliwir mamawa hawa anu matak tiris. Kuring jeung barudak indit ti imah ngajugjug Dadaha. Pedah ti poe Kemis mula barudak kuring geus ting rarenghik hayang ka Dadaha, pajar teh hayang ningali oray jeung landak ceunah, da eta babaturana geus ningali oray jeung landak di Dadaha.

“Naha Win… da Dadaha mah sanes kebon binatang…” ceuk kuring nganaha-naha ka budak kuring nu cikal. Lajeng…

Harewos (3)

Sisi Laut Pangandaran

Harita basa usum halodo panjang, calik paduduaan dina samak salambar. Tuh saksina, bulan anu sapotong. Tuh saksina, bentang anu baranang.

Aya kasono, aya katresna, aya kadeudeuh, aya kanyaah. Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan. Aya kasono, aya katresna, aya kadeudeuh, aya kanyaah. Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan. Sisi laut Pangandaran.

Tina ati pada-pada kedal jangji. Urang silih asuh, silih asih, silih jadi. Deg, ngadegkeun arti asih saenyana. Deg, ngadegkeun arti deudeuh saenyana.

Ulah dugika rasa katresna kerep ngagedur ukur amarah. Nu balukarna nuntun kana jalan salah. Ulah dugika rasa katresna kerep ngagedur ukur amarah. Nu balukarna nuntun kana jalan salah. Sisi laut Pangandaran.

Reup dicangreud, hate geus pageuh kabeungkeut. Sisi laut Pangandaran. Reup dicangkrem, beuki rapet beuki deudeuh. Sisi laut Pangandaran.

Lagu kenging Doel Sumbang.

Ngiring bela sungkawa kana musibah nu tumiba ka baraya di Pangandaran sareng sabudeureunana. Mugia Nu Welas Asih maparin kakiatan kanggo urang sadayana dina mayunan ieu cocobi. Aamiin.

Harewos (1)